Nuhun ari parantos ngawitan digarap mah. Sigana pupuh ogé peryogi pisan dilebetkeun; upami aya kénéh lolongkrang "kamus" tiasa ogé diémutan. Ngeunaan kusnet, cupumanik, perceka ogé rancagé (punten ieu mah), naha peryogi dibeunyeur béaskeun dina éta CD?Numutkeun pribados, eusi CD téh saé na mah langsung waé kana matérina (aksara, game, pupuh, jsb.); sedengkeun anu sanés mah tiasa dilebetkeun salaku pangrojong. Nuhun. Upami tos badé der pisan, utamina mah dina waktosna ngagandakeun téa, tong hilap wartosan. Ngeunaan artos kanggé ngagaleuh CD kosong, CD duplikator sareng CD writer kintunkeun ka rekening saha? 

mj <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :


sonten kamari ngariung di cupumanik karawitan 46 bandung ua sas, kang
manar, kang soni rosa kang dadan. kang hawe nuju pa pabelan, panganjrekan
kang ajip rosidi tea, can mulih cenah.

ku margi CD teh cenah rada ageung eusina, 600 mega kitu, nya bade dieusian
ku sababaraha jejer sangkan rada pinuh. calon eusi CD nu judulna can
kapanggih nyaeta:

1. perkawis kusnet
2. perkawis cupumanik
3. perkawis yayasan perceka
4. perkawis yayasan rancage
4. aksara sunda
5. game basa sunda, wanara kumincir & Jeknyeh
6. jeung sajabana

ke ku dadan dirautan, da bisaan gening-tingal we karyana
www.cupumanik.com, sae. rencana mah make flash cenah.


mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke