poho eung, aya naspel (minangka ujianna) ngan poho deui naspel teh kumaha.. da asanamah sanggeus proses kahiji nepi ka proses ka ditangkubkeunana kewuk nepi ka 10, naspelna teh kewuk ditangkarak2eun terus dirawu kabeh, geus kitu ditangkub2keun dirawu deui.. geus kabeh karawu, tuluy kewuk nu 10 siki diranggeum terus dialungkeun ka luhur bari ditampanan ku dampal leungeun nu ngalungkeun.. mun dina dampal leungeun nyesa 2 atawa 3 atawa 4 kewuk, tuluy disanggap deui... engke ngamimitianna deui kudu ti 2/3/4 nyokotanna.... henteu mimiti ti 1.. jadi langsung.... kitu oge nangkarak2keun, nyokotna 2/3/4 kumaha nu kasanggap tea.... mun keur naspel lasut, nya kudu balikan deui, nepi ka lulus banglus naspelna (nepi ka bisa ngaranggeum kuwuk tea)
~ipup~ (geus ah buru2, bisi kaburitan) --- In [email protected], "Mpup" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > bekles/beklen: kudu aya kewuk jeung bal beklenna nu bahanna tina > karet, rata2 dipaenkeun ku 2-sababaraha urang, kewukna bisa 10-12 > atawa kumaha karepna, rek 20 ge kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku > leungeun. nu maraenna andeprok na tehel nu beresih nguriling jiga > samodel lingkaran. mimitina bal dialungkeun sakali ngacleng kana > tehel, tuluy kewukna diawurkeun kana tehel, mimiti nyokot kewuk hiji- > hiji, bari dialungkeun balna ngacleng sakali tea, da mun dua kali > atawa leuwih mah lasut.. conto make kewuk 10 siki, kewuk dicokot nepi > ka 10 karawu ku dua leungeun, tuluy diawurkeun deui kewukna > ditangkarak2eun kabehanana, dicokot hiji-hiji nepi ka sapuluhna.. geus > kitu kewuk ditangkub2keun prosesna sarua jiga nu diluhur, geus > ditangkubkeun kabeh, tuluy dibawaan deui... > bagean ka batur mah lamun pamaen ka hiji lasut, nya giliran > maenkeunana.... > > ~ipup~ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

