Wa 'alaikum salam.
 
Wilujeng tos manggung deui. Hapunten pisan waktos tepang di Bandung teu sempet ngobrol panjang -- jalaran pribados waktosna rada pakepuk, padahal hoyong terang dongéng ngeunaan Koréa. Timpah salam ka sadayana. 
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :
Assalamualaikum wr. wb.
 
Mugi para wargi sadaya nuju aya dina kawilujengan, teu kirang sawios-wios.
Hapunten rehna nembe tiasa deui ngariung di babakan Kusnet, saparantos apruk-aprukan dilembur salami satengah sasih, datambih nambal garapan anu kakantun.
Tetela di kantun kirang langkung dua likur dinten teh, geuning seueur wargi enggal,
kukituna sim abdi nyanggakeun pangbagea, ngahaturkeun "Wilujeng Rawuh" ka sadaya wargi enggal, mugi sing betah kalayan tumaninah ngiringan ieu milis.
Khususon kapara wargi enggal ;
Anu teu acan uninga naon anu parantos dipidamel ku para wargi ieu milis, mangga dihaturanan linggih ka web sitena Kusnet di : http://www.urang-sunda.or.id,
Kitu deui ka wargi anu teu acan kantos ngeusi database, sim abdi nyuhunkeun rido galihna kanggo ngeusi data base.
Kaanu teu acan kantos nepangkeun, dihaturanan linggih kanggo nepangkeun salira.
 
Mangga wargi-wargi enggal sanesna, diantos pisan kasumpingana di [email protected]., ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang, ngumpul ngariung di babakan Kusnet.
 
Teu hilap ka para wargi anu parantos ngalangkungan dintenan milangkalana, sim abdi ngahaturkeun wilujeng "Milang Kala" mugi salamina aya dina panangtayungan Allah SWT.,
ditebihkeun tina sagala cocobi sareng godaan. Amien ya robbal alamin
 
Nyakitu deui kapara wargi anu nuju kenging cocobi mugi-mugi Allah SWT. enggal-enggal ngajait tina sagala cocobi. Amien ya robbal alaminnn.
 
Sakitu anu kapihatur,
wassalam...
 
ssw
kuncen bungsu (tapi umur mah nomer dua pangkolotna....)
 
   
 

 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke