Assalamualaikum.... Nepangkeun sim kuring Gumilar pituin urang sunda, Kawit ti Sumedang mung ari sarakan mah di Ciamis. Alaaah, aya ku waas basa kareret dina koran Pikiran Rakyat anu ngawartakeun "hojah"-na kusNET dina Kongres Basa Sunda kamari. Insya Allah Ki Sunda moal tumpur tepi ka tungtung dunya.Amin. Ngaregepkeun guneman perkawis tukang kurupuk, ka baraya anu jarang ningali "jemblung", muhun wadah kurupuk anu didamelna tina kaleng, ngagurilap herang, (malah ku urang deungeun mah disangka "rudal balistik" da ditingalina tina Satelit CITRA ICONOS) dihaturanan nyimpang ka Cikoneng, seueur lah di ditu mah. Matakna, mun pareng amprok jeung tukang kurupuk di panyabaan, taros we "mang, kawit ti ciamis?" Insya allah pasti jawabananan .... muhun! Cag ah........... Assalamualaikum
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

