Hapunten kanggo neng iva oge baraya sadaya di babakan..., abdi nembe
tiasa ngawaler ayeuna,..
Perkawis urut, kumaha wae carana, kalebet 'pengobatan' secara
mekanikal tiasa ngabantos lancarna aliran darah sareng kontraksi
otot. Kumargi kitu ngurut nu leres, arah urutan sajalan sareng arahna
jalan getih atanapi kontraksi otot. Oge ngurut mung tiasa dugi ka
lapis ka dua otot. Tiasa janten nu dimaksad ngurut janten vasises
kumargi nekena tarik teuing sareng arahna ngalawan arah alirah darah,
nu lamai-ami kajantenan aliran darah vena stagnan, diameter vena
ngaageungan, nya janten varises.. Papadon upami sok ngurut..urut dgn
gentle jeung rileks, omat ngurut mung kanggo sendi tulang nu normal,
tulang potong diurut malah janten tulangna robah, malah bisa-bisa
tungtung tulang potong tujas tojos kana organ sanes. Atana pi ngurut
nu misalah, kakara bisa sangeusna 3-7 poe dina kaayaan proses akutna
geus rengse. Mun keur nyeri diurut nya nambah nyeri dan ditambahan ku
urutan (trauma mekanik), kecuali lamun rek menerkeun sendi nu
misalah..(aya tekhnikna bade diajar...?)
Ngeunaan reumatik.. nu dina istilah awam dilarapkeun pikeun
sarupaning hyeri dina sendi otot oge tulang. Saleresna mah nu
disebat rematik teh salah sahiji panyakit 'reaksi imunologi'(pera
baratayuda antawis antigen asing sareng antibodi manusa) nu sifatna
'sistemik' (nyebar dina sagala sistim organ manusa). Ku kituna aya nu
disebut panyakit jantung rematik, rematik kulit (lupus) kalebet
rematik sendi. Upami di sebatkeun panyakit reumatik umumna nu
dimaksad nyeta rematik sendi. Anu prosesna dikawitan dina selaput
sendi, kumargi kitu sendi janten baeruh, beruruen, panas jeung nyeri.
Aya kakhususan nana, nyeta rematik sendi mah matuhna teh dina
sendi-sendi alit (rami atanapi suku), jeung aya nu disebat 'morning
stifness', kaku dina wanci isuk-isuk, nu kabeurangnakeun mah
ngurangan. Panyakit ieu bisa nerap ka sagala umur, ngan lolobana dina
umur 50-an kaluhur, jarang dina umur budak sok sanajan aya nyeta nu
disebut 'juvenis rhematoid arthritis' (radang sendi rematik remaja).
Sok janten pabeulit antawis rematik, asam urat jeung radang sendi.
Saleresna mah, tiluan nana ge paktana mah, aya proses radang dina
sendi, mung masing-masing boga ciri-ciri jeung tempat pamatuhan nu
beda. sok sanaos obat namah sarua wae, anti radang (non steroid anti
imflamasi drug/NSAID).
Bedana, ai rematik mah saperti nu di pedar di luhur, ari asam urat
mah (biasana dina umur 30 an kaluhur), kajadian lamun sistim nu
ngatur kadar asam urat darah kaganggu. Jadi kadar dina darah luhur
wae. Ku sabab kadar urat darah teu maci luhur, nya ku nu ngatur awak
teh ditumpuk di tempat lain sangkan darah teu karacunan. Tempat
numpuk na ieu nu matuh, nyeta dina sendi pigeulang suku, sendi ramo
kahiji suku, sendi siku jeung kadang-kadang dina ceuli (ngajarendol
jiga jengkol). Kusabab tempat-tempat eta ten tempat anu heureut nya
atu pasedek-sedek jeun urat sendi, saraf kateken, oge urat getih
kapencet...karaosna ku urang nyeri sendi, panas jeung bareuh. Kusabab
kitu kadangkala nyeri sendi asm urat ieu bisa bae kajadian dina waktu
kadar asam urat darah normal, da proses numpukeun urat dina sendi na
mah geus lila, Kusabab kitu ubarna lain nurunkeun kadar asam urat
tapi, ubaran radangna heula, kakara ngatur atawa nurunkeun kadar asam
urat, kumaha? Diet jeung ubar. Dietna pantang sarupaning nu bakan
ngahasilkeun asam urat nyeta sarupaning kadaharan nu ngandung 'purin'
(ke dipedar naon ieu teh) diantawisna, cokor, ceker, buntut,
sarupaning tutuwuhan nu keur ligar (tunas) jrrd
Ubar.... naon bae loba nu penting aya uji klinisna (evidence base).
Ari ubar radangna naon?... Loba ieu ge... kumaha tingkat asal
nyerina. Nyeri teh timbul ku dua hal, hiji ku ayana radang dua
kuayana 'ishemic' jaringan nu kateken tea, cara ngubaranana beda,
kumaha carana...sumping we ka 'warung' sim kuring ke dipaparin...
Cag heula sakieu... ke nyambung kana radang sendi (arthritis)
Aeh muhun.. kangge neng iva,, janten teu aya murangkalih disebatkeun
teudamang rematik.., omat ulah sagala nyeri naon wae disebut rematik.
Ka ayi ato... punten, teu sadaya dokter sapertos kitu... da Dokter ge
jalma, aya nu lempeng aya nu bengkok sapertos profesi sanes...
sakuduna mah dokter teh saperti nu di contokeun ku nu ngarintisna,
jaman Rosullulloh oge, jaman Ibn Sina, Azahrawi jrrd... profesi nu
niat awalna nulung ku elmuna.. ngeunaan jasa mah nomer dua. Komo deui
dokter muslim mah kedah yakin nu diteangan teh Ridho Alloh da ari
rizkimah tos diatur jeung di jamin ku Alloh, kantun usaha junun jeung
halal, tapi Ridho Alloh mah can tangtu, nu ku urang alus can tangtu
hade dihareupeun Alloh, oge sabalikna. Atuh kumaha sangkan meunang
dokter nu bener...,insha Alloh seueur kantun milari.
Dokter teh sanes nu nangtukeun sagala rupina, aya hak pasen kanggo
'second opinion' aya hak pasen kanggo nyungkeun informasi
sajelas-jelasna ngunaan panyakitna, oge kawajiban dokter
'inform-consent' (mere infromasi jentre, pilihan-pilihan jeung
akibat-akibatna). Saestuna nu nangtukeun pilihan mah pasen, dokter
mah mere informasi ku elmuna, jeung ngalaksnakaeun nu jadi pilihan
pasen nu dasar kapercayaan.. ieu nu disebat usaha nu insha Alloh
diridhoan.. hasilna mah sanes jaminan dokter anging Alloh nu
nangtoskeun hasil.. urang mah mung wajib usaha nu junun jeung halal,
teu meunang aral jeung putus harepan (jiga Nabi ayub, sabar jeung
usaha) insya Alloh usaha ieu nu bakal dijadikeun pahla ku Alloh,
bakal bekel engke di akhir.. kitu wae.. sakali deui punten...
DR.
__________________________________
Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour:
http://tour.mail.yahoo.com/mailtour.html
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/