Nguping wartos kana ngurek ge teu kalangkung, malih ngarara ge tapis pisan. Tantos ieu kalangenan teh aya pakaitna sareng "lingkungan hidup". Pamugi we alam Tatar Sunda ulah dugi ka teu aya lahan kanggo nguseup, ngurek, ngaheurap atanapi ngadamel kokombongan, nguseup onaman tiasa di balong komersil, tapi upami ngurek...? raraosan mah dugi ka ayeuna teu acan aya lahan husus anu dikomersilkeun kanggo ngurek.
MSasmita ----- Original Message ----- From: "setia hidayat" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Thursday, July 07, 2005 11:05 PM Subject: [Urang Sunda] sumedang > hatur nuhun kana pangangken wargi-wargi sadaya..:) > > sim kuring mah ti sumedangna ti tanjungkerta. ayeuna > matuh di bandung. insya Alloh ngalangkungan ieu milis > urang tiasa nyumponan paripaos: > > "nu jauh urang deukeutkeun.. > geus deukeut urang layeutkeun.. > geus layeut urang paheutkeun... > geus paheut silih wangikeun.." > > mudah-mudahan tatar sunda mah, tetep dijaring diaping > ku gusti Alloh sareng ku para luluhur urang > sadaya..amin... > > bilih kagungan inpormasi dimana aya susukan atanapi > walungan anu masih seueur hurang sareng beunteurna, > mugi kersa ngawartosan, margi leres pisan karesep teh > kana nguseup sareng ngecrik, ngaprak ka sakuliah jawa > barat nu aya walunganana malih sakapeung mah dugi ka > jawa tengah oge..:P > > cag ah > > -aki beunteur- > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

