***********************************
Wilujeng sumping Kang/Teh Regina (sigana mah resep kana uleukutek leunca, nya?? :P)

Nepang keun oge, sim kuring wasta mah Rudy, bujangan (tarangana wungkul ketah, hehehh) nenehna mah Adi, pituin Bandung, ayeuna nuju ngorehan korma nu ragragan di ....... (ah moal dibeja-beja bisi kabita..:P)

Teh/Akang Regina..... ceuk cenah, lumangsungna hiji kabudayaan teh,  bisa ditingal tina hirup huripna bahasana... ku kituna, ulah salempang... sok bae, geura pok ........ ulah sieun... ke oge baris bisa alatan biasa..... ... derrr, ah!!!

Salam,

-pun adi-
********************************

On 7/10/05, ulukuteuk_leunca <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nepangkeun sim kuring Regina, pituin ti kuningan,linggih di bandung.
Pun bapa sareng pun biang pituin urang kuningan.MUslim 100%

Maaf,karena saya dibesarkan dengan bahasa ibu bahasa indonesia,jadi
kosa kata sundanya terbatas.Saya menggunakan basa sunda terbatas pada
teman nu sapantaran,sanes alim ngagunakeun basa sunda dina serelek
ieu.Mung bilih aya anu kasinggung ku basa na sim kuring,da mun sareng
rerencangan mah tara numut kana undak usuk basa.Kalo denger orang lain
bicara atau ngajak ngobrol pake basa sunda...sok rada karagok
nembalannana...ngartos mah ngartos....mung biih nembalanana lepat(sok
jd inget kana undak usuk basa.....ke pas nembalan teh.....kasar teu
nya...mun tembalannana kieu.....sok jadi matak bingung)  Agak kurang
pede pake basa sunda di forum resmi dan lbh terbuka.

Saya kenal KUSnet pertama kali awal tahun 2004 via buku SURA SEURI
SIGA SERO, asa atoh .....geuning aya anu ngageuingkeun kana budaya
sorangan.

Ah ieu mah curhat.....


--- In [email protected], "Yudi Irmawan" < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Bagea Kang/Bapa Epi? Nepangkeun sim kuring Yudi, kawit mah Kuningan.
> Ngangken urang Sunda pedah we diageungkeun di lembur Sunda. Ari
> pituin mah duka ti mana sanaos pun ibu, pun bapa, pun aki sareng pun
> nini opat2na ti Kuningan sadaya. Ayeuna sami nuju tebih ti lembur
> sok mindeng waas hehe
>
> Ah Sunda mah teu langkul agul ti seler sajen Kang, pan ari budaya
> mah pikeun ngamerenahkeun hirup urang, janten teu kedah dipaksakeun
> sanes? Kumaha merenahna wae. Diageungkeun ku Sunda atuh Nyunda
> sanajan lahir boh ageung di mana oge. Tapi tangtos kacida saena
> tuang putra teh diwanohkeun ka asal jeung usulna panginten.
>
> Punten ah sanes ngawurukkan, mung ngarencangan wawaasan wae ieu mah
> Baktos
> y
>
> --- In [email protected], "Hepi" <[EMAIL PROTECTED] ...> wrote:
> > Asa waas maca tulisan-tulisan sunda
> > inget baheula basa keur lembut keneh
> > pasosore badha asar  aya girimis
> > bapa almarhum bari disasarung maca mangle
> > dibaca ditarikkeun rada dikawihkeun
> > "dengekeun aya dongeng alus" cenah
> > kuring sadulur jeung ema ngariung
> > sila emok paadu bitis
> > ------
> > cita-cita boga pamajikan urang sunda
> > meh bisa diajak ngumbara ka alam keur budak
> > ngan putus jeung putus wae
> > kalahka meunangkeun urang sabrang
> > beda adat jeung omongan
> > dibawa kalembur teu betah
> > di ajak ka baraya teu bisa ngomong
> > ----
> > Mendak milis urang sunda
> > asa mulang deui ka jaman baheula
> > ting torojol mani waas
> > palinter ngaromong sunda ning batur mah
> > ari kuring ngan logat hungkul nu nyunda
> > sok diseungseurikeun ku si cikal
> > papa naon papa naon cenah
> > ---
> > -epi-






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke