Isuk-isuk meunang SMS ti MJ Ua Sas aya dina Kompas cenah.
Kabenran kuring ngalanggan Kompas, biasana mah maca koran teh
kaca hareupna heula, ieu mah langsung we dibalikkeun ka kaca
rubruk "sosok". Enya we aya artikelna jeung foto Ua Sas. WIlujeng
ka Ua Sas. Ngan artikel eta kedah dikoreksi kamus Soenda-Inggris
kagungan ua Sas sanes terbitan taun 1912, tapi taun 1862 (abad ka
19) jadi heubeul pisan (buhun).

Koreksi kanggo Ua Siddik : Ua Sas, MJ, Kang Oman sareng Kang
Benny (sundanet.com) sanes di TVRI Bandung tapi di TV Bandung,
stasiun swasta, da TVRI Bandung mah duka aya keneh duka parantos
teu aya ....hehehehe ( sssstttt....lamun teu salah mah Pj Kepala
TVRI Bandung teh urang Sumedang, malah batur salembur kuring
pisan, Imas Sunarya, masih kaitung baraya jeung babaturan ti SD
tepi ka SMA di Sumedang).

Baktos,
WALUYA

> Uluh... wilujeng atuh..., sanaos kadieu teudugi oge eta Kompas
> teh..
> janten parantos "mancala warta" nya ieu teh, tos ka Cupumanik,
> PR, Kompas
> teras TVRI Bandung..., teras naon deuinya...???
> Sakali deui wilujeng ka kang Sas....(berekahna
> pangsiun...hehehehe...)
>
> ssw



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke