Dipaenkeun ku sababaraha urang 2-10 urang ge kaci. biasana dina 
taneuh diguratan heula, rek ku kapur atawa ku naon wae asal aya tapak 
guratna. Tempat sondahna naha rek gambar imah, atawa jelema, lamun 
gambar jelema, minangkana sukuna teh aya sababaraha petak wangunna 
pasagi, 3 atawa 5 kotak. tuluy anderok atawa calana mun anderok 
samodel trapesium dibagi dua, mun calana samodel pasagi panjang sarua 
dibagi dua, minangka awakna paragi engkle deui, wangunna pasagi. 
tuluy sirah mangrupa buleud minangka istirahat.
Aya nu disebut "kojo" biasana tina potongan kenteng. Milih kojo kudu 
nu hampang tapi tambleg, kentengna ulah nu kandel teuing. Jadi mun 
dialungkeun kana kotak-kotak paragi sondah tea, teu kaluar tina 
garis. Mun kaluar tina garis, nya lasut. Cara maenna, ngalungkeun 
heula "kojo", mimiti mah kana kotak nu kahiji, mun kotak nu aya 
kojoan ulah ditincak, kudu diajlengan. budak engkle-engklean (kaci ku 
suku kenca atawa suku katuhu) dina suku gambar. Dina lebah 
anderok/calana kaci istirahat. tuluy na bagean awak gambar engkle 
deui, nepi ka sirah gambar istirahat. tuluy balik deui engkle ti 
sirah ka awak, tuluy ka anderok/calana gambar, tuluy engkle deui, pas 
lebah aya kojo tea nu tadi dialungkeun, dibawa heula kojona, tuluy 
engkle deui. mun geus beres, kojona dialungkeun deui kana kotak nu 
kadua, tuluy we kitu

puncakna si kojo dialungkeun kana sirah gambar. Mun kojo keur dina 
sirah, sirah gambar teu meunang dijejek, sabab aya kojoan. Mun kojo 
geus dina sirah, tuluy balik deui kana awak, jeung tuluy deui ka 
handap. nepi ka suku gambar nu panghandapna.

~ipuP~
(geus ah jadi hayang sondah ieu teh)






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke