Haturan baraya US....,
uluuh geuning badag nya MJ, tapi rek naluktik kaulina barudak di TS
tiap wewengkon pasti beda-beda jeung loba. malah aya nu sarua tapi sok
beda ngaran contona babancakan  (ucing sumput), nu ucing nungguan
sesemplekan kenteng anu geus disusun anu engkena ditenggor ku batu
dina jarak 5 - 7 meter bari jeung anu ucing kudu neangan lawana anu
nyumput ters paheula-heula nincak batu lamun geus kapanggih
panyumputanana. aya deui sorodot gaplok ngadukeun batu jeung batu anu
disorodotkeun na luhur dampal suku dina jarakna gumantung dimana
mimiti ngalungkeun batuna.

Cag...ah, nuhun.

"kujangs"


On 7/11/05, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> aya msiswa program magister desain itb nu tesisnya cenah eta, ngaroris
> kaulinan barudak TS (tatar sunda) nu (bisa kasebut) asli. manehna, Zaini
> Alif, urang Subang, alumnus desain produk Itenas. make biaya sorangan SPP
> na teh. jadi waktu rek nalungktik kaulinan barudak sa tatar sunda, manehna
> ngarengkog, da rumasa teu boga dana.
> tapi si Zae malah nepi ka disbudpar. didanaan cenah, duka 75 juta duka 150
> juta. walah sakitu mah YP eungap atuh. duka tah tos turun acan dana
> panalungtikan ngaroris Kaulinan barudak TS teh.
> 
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> [EMAIL PROTECTED]
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke