di imah kuring oge aya, kang nu sukses. jalma asal--istilah kanggo pendatang. Ngarana Aceng, urang tasik. Datang ka cirebon (ciledug) ngawitan +/- taun 1987-an.
Di ciledug manehna buka pabrik kurupuk jenis KURUPUK ULER (kurupuk hileud), kurupuk gendar, jrrd. Mimitinamah pabrikna nyewa di tanah batur. Lila-lila usahana tambah maju. 4 taun katukang kuring pendak deui sareng Ma Aceng. Ayeuna geus boga tanah nu lega. Legana meureun sa lapangan bola. Ditanah eta diwangun imahna nu gedong, pabrik kurupuk, jeung tempat moe kurupuk. mj wrote: >di lembur kuring Gunungcupu cikoneng, aya conto sukses nu mabrik kurupuk. >budakna lima jaradi sarjana sadayana (anggap we budak jaradi sarjana teh >conto kolotnu sukses dina widang ngatik). imahna di lembur sigrong ngan >sok sepi. da seseringna di bandung. balong jeung sawahna lega, malah bisa >jadi pangbeungharna sa lembur mah. > >haji Radjudin mabrik kurupukna di Bandung. nya ti baheula mula. persisna >di peuntaseun Bale Wiwaha (kantor Badan pengembangan pembangunan BAPPEDA >prop. jabar) dago, aya jalan ka jero saeutik. buntu. di dinya teh >panganjrekan jeung pabrik kurupuk merek RDN. ti Radjudin. biasa tukang >kurupuk mah mere merek pikeun kurupukna teh ku singkatan ngaran nu >gaduhna. UDN, Udin, HSN, Hasan, jst. > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

