Masya Allah si teteh meni sok naik ka luhur imah,.. Rek pasang genteng kitu,...
-----Original Message----- From: Mpup [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Monday, July 11, 2005 4:55 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula jaman ayeuna oge masih sok seueur keneh budak nu maraen langlayangan, komo keur usum halodo jiga ayeuna... (tara hujan), basa kamari oge di garut, paurna teh mun geus moro langlayangan tuluy ka tengah jalan, da aya langlayangan nu kapakan.. budak teh teu nempo ka jalan, nempona kaluhur weh ka langit... yehhh.. komo di bandung mah seueur keneh pisan... ~ipup~ (abi oge osok di luhureun imah, sanajan awewe) --- In [email protected], "Fathoni_Injaya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > MessageMaen langlayangan, salah sahiji kaulinan paporit sim kuring..... (kaasup kaulinan teu nya?). Ti budak nepi ka kolot ngilu padungdeng, ngilu maen jeung moro langlayangan anu eleh. > > Ngapungkeunna make kenur disambung ku gelasan "serit" (bahan tinu benang) atawa gelasan "bajra" (bahan tinu senar). Tali timba oge kudu diatur sing bener, lamun teu kitu eta langlayangan teh bisa "hampang" atawa "beurat" teuing ngapungna. > > Gelasan anu hade biasana jieunan ti daerah Garut. > > Lamun keur usum langlayangan, sakuriling Cicadas (komo ti St. Josoef nepi ka Cikutra) pasti loba langlayangan anu di adu. > > Jaman ayeuna mah sigana geus ampir "punah" eta langlayangan teh. Teu rame siga baheula. Maklum ayeunamah barudakna leuwih resep maen PS, internet, nonton tipi salain eta meureun euweuh tempat keur maen langlayangan, loba antene tipi, kabel listrik jeung telepon anu nyieun hoream barudak ayeuna maen langlayangan teh. > > Ari keur bujang jeung kolot mah, biasana maen langlayangan Gombres, biasanamah gelasanna make "bajra". Ieu mah biayana rada mahal, soalna ukuran langlayangannana kaitung gede, saking luhur ngapungna jeung beurat talina biasana anu maenkeun eta langlayangan make "sarung leungeun". Kadang-kadang mah narik benangna maka "mesin puter" anu pungsina keur narik benang ka gogolong. > > Jaman ayeuna, aya loba jenis langlayangan. Biasana di Pantai Kenjeran Jatim loba langlayangan anu aneh aneh, aya bentukna siga oray, kompor, buta, kalajengking, manuk. Maenkeunna biasana lain ku sorangan tapi ku sabaraha jelema. Ieumah kaasup langlayangan hias. > > cag ah... Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

