Saparkna tol cipularang jeung sasak pasupati anggeus, Bandung
beuki dieu teh beuki macet. Macetna ayeuna mah ampir unggal poe.
Dinten damel ( senen-jumaah) macet ku urang Bandung, dinten
saptu-minggu macet kunu balanja ti luar kota. Jadi teu aya
mendingna. Jalan Dago nu tadina mah jarang macet, ayeuna mah jadi
tempat macet, komo dinten saptu-minggu mah kacida macetna. Rada
aneh puguh oge, di tempat lain mah hese BBM, tapi ari di Bandung
mah jiga nu teu karasa, BBM dihambur-hambur kunu arulin jeung
balanja.

Poe kamari kuring kaluar kantor, aya perlu, kakara ge asup tepi
ka Cikapayang dago, jalan geus macet, mobil diputar-puter, cenah
keur aya gladi resik presiden rek ngaresmikeun pasupati jeung
cipularang. Jero hate, lain kudu ngirit energi, kuamha pamarentah
teh, ukur "gunting pita", bbm dipiceunan teu puguh, gara-gara
macet. Pamarentah teu konsisten ceuk kuring mah, ari siaran TV
kudu enggeusan ti jam 1 tepi ka jam 5 subuh, ari acara gunting
pita nu ngamacetkeun jalan, tetep dilaksanakeun.

DInten ieu SBY bade sumping ka Bandung, ka Gazibu, ngaresmikeun
Pasupati sareng Cipularang. Jalan-jalan sabudeureun gazibu
ditutup (Kumaha Kang Oman Payuneun kantor?), macet dimana-mana.
BBM dipiceunan teu puguh. JIgana  BBM nu "diduruk" teu efisien,
gara-gara macet aya "gunting pita", sarua jeung energi keur
ngahirupan ratusan rewu pesawat TV satauneun!

Baktos,
WALUYA




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke