Sami atuh Pa, sim kuring oge ti kawit ditampi lewat pmdk geuining teu aya nu maturan hiji-hiji acan ka UI teh. Teras kakak kelas anu wawuh ayana di FK salemba jadi sesah. Alhamdulillah, nalika naek ka tingkat dua aya ade kelas tiluan sareng rerencangan saangkatan aya nu lebet oge. Ti dinya abdi kenal ka angkatan nu sanesna, aya ekstensi dua urang, hiji di FKM (tos bae wisuda, mun tiasa urang kempel), hiji deui di farmasi. angkatan 2000 aya anak teknik mesin, angkatan 1999 aya jurusan TGP, mungkin bapa oge kenal: Teguh Gumilar ketua SALAM UI nu taun kamari. yaeuna tos damel di Cawang tapi masih ngekos di kukusan.
di tingkat dua sim kuring kantos ngempelkeun mahasiswa majalengka nu aya di UI, sareng ditambih rerencangan nu sanes, saurang ti Jakarta saurang ti IPB. malahan abdi oge sempet ngondang Pa Diding, Dosen Sastra Inggris UI ti Majalengka oge. namung, teu janten hadir da aya halangan. Terakhir abdi sabaraha urang angkatan muda (sareng angkatan 2004) silaturahmi ka bumina Pa Diding nu enggal (harita Pa Diding nembe pindah bumi. Sakitu bae heula Pa. Hoyong oge abdi tiasa mendakan Bapa. Hatur nuhun --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tah kitu atuh kedah ngawanohkeun maneh. Salami di UI > asa rada hese milarian mahasiswa urang majalengka. > Siga aya mamala lamun urang majalengka tolab di UI > teh. Kuring oge ari sakola SMU na mah di Jakarta. > > ke ku kuring dianjanganlah ka TGP/teknik kimia. > ketua > Departemenna Prof. Nasikin batur "ngawadul". > Pangahirna ilubiung di acara TGP teh waktos acara > Seminar Nasional Teknik Kimia di Bidakara tea. > > mrachmatrawyani > > --- lyhamb <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Assalamu'alaikum > > > > Tepangkeun abdi pak, sami kalahiran majalengka, > nuju > > nyiar elmu di UI > > Depok, jurusan TGP/Teknik Kimia, tos tingkat > akhir. > > wilujeng tepang bae! > > > > Wassalam > > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > protection around > http://mail.yahoo.com > ____________________________________________________ Sell on Yahoo! Auctions no fees. Bid on great items. http://auctions.yahoo.com/ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

