masalah ieu kantos kaalaman kamari nuju enggal2 ngiringan milis ieu. Komo deui di Gankleboy nu sadinten teh tiasa langkung ti saratus email.
Kangge anu ngiringan seueur milis (abdi kinten2 29-25 milis hilap pasna), abdi mah tara ngalebetkeun email ka INBOX (koropak?), tapi maos email teh ti kaca websitena (http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/messages) da sami wae aya fasilitas reply jst. Janten upami masalahna masalah seueur teuing email mah tiasa diakaln ku cara ieu. Kaduana ieu oge tiasa nyingcet ti polototan boss sapertos nu kaalaman ku teh Nia. Tapi cara ieu mung tiasa dilakonan ku nu tiasa akses internet. Benten deui sareng memang nu tos alim ngiringan deui milis ku alatan kasibukan atanapi henteu ngaraoskeun aya mangfaatna. Nya eta mah kedah kaluar atuh, teu tiasa diakalan ku cara kumaha oge hehe. Punten Akang2 moderator, babagi pangalaman ieu mah, sanes bade mengkeran "otoritas"-na ;p Mugia mangfaat. Baktos y --- In [email protected], akhdiat kartiwa Tirtapraja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kumargi message anu masuk di ieu millis seueur pisan padahal abdi buka email jarang pisan, malih mun buka email teh gawena ngahapusan email, abdi bade kaluar tina ieu millis. > Abdi parantos tilu kali ngirim email unsubscibe tapi > teu hasil. Abdi nyuhunkeun bantos ka admin supados kaanggotaan > abdi di leupas wae. > > HATUR NUHUN kana bantosan ADMIN Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

