Aeh geuningan batur salemburrrr,mangga kang atif... Abdi Idwan..(bari keukeureuceuman make sarung,..mangga calik kang..)mah..mamah..ieu aya kang atif panggorengkeun lauk lalawak/beunter,mun aya remis dioseng..He..he) Bagja aya dulur anyar,tuh kang ndoel,uing teu diabsen urang kuningan.bejakeun ka bapa Bupati.pasti dicarekan ke mun balik.... Sorolok gublag....deuh leueur.
=Idwan/sijAlu= keurneanganbarangdaharsabangsaningsorabi Walaikum salaaaaam warohmatullohi wabarokaaaaatuh... Ehm..! Kang Atif.. Nepangkeun oge ateuh (bari ngasongkeun panangan nu rimbil ku batu ali) nami mah Nanang, urang Kuningan oge sami...ngan ti Linggarjati-na abdi mah... ayeuna Jakarta, damel. nyaaa...sacabak-cabakna we... da geuning resep cubuk-cabak teh... henteu ari cubak-cabok mah... gaduh saung alit keur ngiuhan mah di Depok. Kitu kang Atif, reueus atuh aya urang salembur ngiring ngariung di Kusnet mah. Urang kuningan ge seueur di dieu teh, komo di kuningana mah.. heu heu.. Aya Kang Yudi Irmawan, Kang Lingkar nurindang, aya Teh Titi... saha deui nya..? (bari gagaro..) ah..seueur lah...ke ge patembalan geura pami dihaukan mah.. sok atuh mangga diguar pangalamanana, beberkeun dongengna ramekeun ieu pilemburan. Sok ah, ek siduru deui -ndoell- Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

