Kang Dian,
Karasa ku urang sadaya perlu icikibungna para ahli basa Sunda di milist. Atawa, aya hiji mekanisme (kurir) anu nyambungkeun antara padundengan di milist ka ahli basa Sunda anu saterusna dibalikkeun (ditepikeun) deui ka milist. Nya sarupa larapan kompetensi dina kahirupan sapopoe, sangkan hasilna mucekil tur prosesna daria. Idealna mah nya meureun organisasi anu ngagarap lengkah sperti kitu teh.
Pikeun hal eta, si kuring kungsi ngocal-ngocal ka Abah Surya (salah sawios guru Basa Sunda sareng buku-bukuna ngeunaan pangajaran Basa Sunda kaanggo mangtaun-taun di SD + SMP sakuliah Jabar). Anjeunna nyaluyuan pikeun midamel kurikulum pangajaran BS keur di internet (konsumsi masyarakat internet). Tapi, hal ieu teh upama hayang gancang mah kudu dipapagkeun ("menjemput bola"), ulah ngadagoan bae. Di dieu oge perluna organisasi keur mernahkeun pancen sewang-sewangan.
Sok sanajan kitu, urang cobaan bae sabisa-bisa di dieu dikeureuyeuh babarengan:
1. Ngeunaan rupa-rupa rarangken jeung aturan larapanana dina basa Sunda keun ke upama salse urang nyutat tina buku pangajaran BS, diantaranan "Gapura Basa" kenging Abah Surya saparakanca atawa peperenian.
2. Khusus anu ditaroskeun di ieu posting anu dipairan :
- "pertolongan" , tiasa ditarjamhkeun jadi pitulung atawa panulung
- "pemahaman", leres, tiasa jadi "pamahaman": --> memahami = mahamkeun
- "pemahaman", leres, tiasa jadi "pamahaman": --> memahami = mahamkeun
- proses "mengenali" tiasa jadi proses "mikawanoh". Upama asalna tina "identifikasi", tiasa ditarjamahkeun jadi "nyirian".
Mangga upami aya pamadegan anu sanesna, diantos bubuhan anu bieu teh lain ti ahli BS.
baktos,
manAR
On 7/11/05, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
Dina narjamahkeun (nyundakeun) teks basa séjén kana basa Sunda, karasa pisan yén fungsi rarangken téh kacida pentingna.
Mung nyaéta, sakapeung dipakéna rarangken téh asa sok masih kénéh maksakeun..
Cik hoyong tumaros ka ahli sastra Sunda, ceu Pupi manawi,
* naon waé lengkepna rupa-rupa rarangken dina basa Sunda téh?
* kumaha waé aturan ngararangkenan kecap téh?
Saparantos jéntré aturan-aturan rarangken ieu, urang bakal tiasa milah naha leres, contona:
- 'pertolongan' (b.Indonesia) => pitulung atanapi panulung
- 'pemahaman' (b.Indonesia) => pamahaman
- 'proses mengenali' => wanohan?
Wassalaam,
-Dian-
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

