Baraya, simkuring teh kamari ngirim surat ka Prancis (wahahaha... ambeh gaya), ka Kang Ganjar Kurnia, neda widi bade nganggo eusi buku Deskripsi Kesenian Jawa Barat kenging nyusun anjeunna (boh sagemblengna atawa nyutat) dina Wikipedia. Anjeunna ngamanggakeun, malah bari jeung sor berkas elektronikna. Euh, ku bageur-bageur teuing ari Kang Ganjar... ceuk gerentes teh. Oge ngeunaan Kakawihan Barudak, sor deui anjeunna ngintun makalahna (nu ieu mah tos digarap ku Kang Yudhi, nuhun banget gitu loh!).
Tah, ka payun, insyaAlloh simkuring bade ngeureuyeuh narjamahkeun entri-entri tina buku eta, kanggo Kusnet (+ ramat u-s.or.id, oge sababaraha milis Sunda lianna) & Wikipedia. Kumargi aslina mah dina basa Indonesia, nya ku simkuring ditarjamahkeun & rada dirobah format tulisanana, ngarah luyu jeung wanda artikel Wikipedia.
Ka Kang Ganjar, nuhun pisan! Pami aya mah, foto2na deuih (heuheu... nyungkun...).
wassalaam,
jk
masalah hak cipta & nu kararituna mah tetep bae kagungan Kang Ganjar.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

