Haturan baraya US...,
wilujeng piknik kanggo + kulawarga wah resep nya, sim abdi hayang deui
ulin ka pangandaran teh resep ngojay di laut sok sanajan pernah ampir
kasered ombak waktu di karang taraje palabuhan ratu...hehehe.
iraha atuh Kusnet ngayakeun piknik babarengan ka pangandaran...???
sakalin abri kongres...resep jigana nya...
kanggo bah Willy wilujeng tugas mugia aya dina kalancaran, resep nya
bah Willy mah jalan-jalan teh ampir ngurilingan nusantara..., sim abdi
kahayang mah saacan barudak asup sakola hayang mawa ulin heula lamun
teu ka kebon binatang nya ka taman lalulintas....heheh (nu irit bae ah
pan penghematan cenah...)

Cag...ah, nuhun.

"kujangs"
-si cikal mimiti taun ieu asup ka SD Alhmadulillah katarima ka sakola
anu dipikahayangna sok sanajan rada ketat sainganana, komo waragadna
mah ampir sarua jeung kuring basa mimiti asup sakola luhur (kuliah)
malah leuwih...heheh. (mudah-mudahan bae digampangkeun
rizkina....amin)


On 7/13/05, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> WIlujeng piknik MJ. Reseplah ka Pangandaran teh. Kuring basa
> malem tahun baru maksakeun ulin ka Pangandaran da geus janji
> jeung barudak, bari sieun aya tsunami oge. 
> Liburan saokola barudak ayeuna mah, kuring mah teu bisa piknik,
> paciweuh jeung pagawean. Isukan kuring arek ka Atambua NTT
> saminggu. Pamajikan oge keur Diklat di Ciawi Bogor. Atuh di imah
> teh ngan aya barudak we tilu, opatan jeung nu mantuan di imah.
> Keun we ah, barudak sina bisa mandiri. Nu dipikapaur teh eta sok
> hog-hag wae, maklum bebenyit, aya we nu dipaseakeun teh .....
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> >
> >
> > isuk kemis nepi ka minggu si kuring saparakanca oge babaturan di
> > pangulinan safakultas bade ka pangandaran. piknik taunan nu
> > didanaan ku
> > pangulinan.
> >
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke