Punten nambihan sakeudik...,
Pami di bandung mah panginten nu di jl. palasari, margi kaleresan ISP
na aya didinya nyaeta Quasar tea. Saleres pami jangkauan POP ISP sae
mah tiasa dugi ka 15 km gumantung kana alat nu anggona. sapertos ISP
sim abdi ngaduhan POP di Jl. Soekarno Hatta tiasa ngajangkau dugi ka
daerah Banjaran sok sanaos sakali-sakali mah aya gangguan margi
ngangge sistem wireles (radio/satelit).
Leres sakumaha anu didugikeun ku kang Eko, rehna sistem RT/RW langkung
irit margi dibagi-bagi tea mung nyaeta tea kedang pacakeut antara
pelanggan nu hiji sareng nu sanesna margi sistema dipararelkeun anu
pusatna (serverna) di salah sawios bumi tiasa dugi ka 10 bumi
gumantung kana ageungna bandwitdge anu dianggo (contona ; 64 kbps/ 128
kbps)
Saupami nganggo telepon selular (GSM/CDMA) saleresna langkung mirah
nganggo sistem RT/RW margi pami nganggo telepon selular tetep nyedot
kana pulsa, pulsa per menit lumayan ageung.

Cag...ah, nuhun punten pami aya nu lepat.

"kujangs"

On 7/13/05, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> DI RT kuring oge, di Bandung, aya nu ngajakan urang Telkom. Ngan
> nu minatna jigana masih sakedik, janten ukur dina wacana wungkul.
> Bade naroskeun upami nganggo telepon selular (GSM/CDMA) nu mana
> nu paling mirah?. Kuring di rorompok nganggo dial-up, tapi sanes
> telkomnet, tapi centrin. Tapi jadi teu laluasa, da sieun ku
> tagihan telepon ........
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke