heu..heu.... Di lembur kuring oge aya SANDEKALA. Sandekalateh cindeknamah cenah sabangsaning jurig/buta. Kaluarna ti mimita barangreup /burit dugika isuk sekitar jam 04.00. Nah mahluk sandekala teh sok rejeun nyulik budak nu ngulampreng ti peuting--barangreup nepi ka jam 04.00. Makana mun aya budak geus burit masih ulin kenehteh mun henteumah disered ku kolotna sina balik. Kitu deui mun misalna isuk-isuk masih poek poe minggu rek maraton (lumpat isuk)  pastinage di caram ku kolot majarteh SANDEKALA ISUK.


Dudi Herlianto wrote:
wah karek ngadangu nu kitu abdimah kang...(atawa nguping nya? masih sok salah ngalarapkeun kecap yeuh). baheula keur budak mun sarepna can balik teh pasti digelendeng, bari disingsieunan ku sandekala...

On 7/14/05, durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
puguh masih betah. "Enya padahalmah geus sareupna. Jaba di beulah kulon
aya layung deui warnana teh meni beureum nyeberet. Padahal ceuk kolotmah
mun aya layung teh kudu arasup ka imah ulah nempo layung. Bisi nyeri
mata, cenah."



Sugiyani wrote:

>Geura warangsul atuh parantos sonten yeuhhh..masih keneh baretah kitu di sawah?



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke