Leres ari kitu téa mah; namung éta gerakan (baca : geraan) téh asa ngan saukur kulitna, henteu notog pisan kana lilinggeran. Contona, kumaha badé hémat BBM ari jumlah angkot teras waé ditambihan -- padahal upami ditanggali panumpangna seseringna mah ngan ukur hiji, dua. Anu jelas mah nambihan macét, nambihan bénsin anu kedah dianggé ssb. Sok sanajan janten pacabakan supir, tapi pan ku seueurna téa (katambih ayeuna mah cenah éléh ku motor dan pangaos motor gé mirah) angger waé riupuh. Antukna janten parebut penumpang. Ieu ogé masalah. Kumaha lamun parebut penumpang téh teras nabrak; anu ditabrakna mobil saé, atuh anu gaduhna kedah lebet rumah sakit meureun, piraku ari anu beunghar mah rumah sakitna teu ngangge ac deuih ...................................

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :
Hehe... kapan di nagara tropis mah kacida pisan rugi nganggo jas teh, Kang Ganjar... Cobi wae, hawa panas mamake jas, nya atuh rohanganana kedah ditiiskeun nganggo AC. AC teh pan ngahakanan listrik nu asalna tina ngadurukan solar tea. Jadi, mun urang ucul2 teu nganggo jas, urang teu kedah pasang AC. Hemat BBM...

jk

On 7/13/05, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Manawi aya anu uninga, naon hubungan antawis nganggo jas sareng hémat BBM; naha pédah salami ieu ngumbah jas téh sok ku bénsin kitu?


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke