saenyana ningkatna prestasi barudak smp dina UAN perlu
dipikareueus. nu katoong ku kuring, aya sababaraha
faktor nu ngarojong kana perkara ieu. kahijina, aya
persaingan antar sakola, katinggali sababaraha sakola
ngayakeun les tambahan ka murid-muridna. kaduana, aya
kasadaran orangtua, pikeun nambah panagweruh anakna,
diantarana les bahasa misalna. 

pikeun gambaran jeung babandingan, aya SMP favorit di
borneo dina uan kamari, aya opat budak nilai
matematika 10. upama ninggal kasus ieu, memang jigana
pencapaian uan ayeuna ngaronjat. 

salam,
mh

--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Baraya, khususon ka Kang Dede,
> Leres Kang, ayeuna katawisna barudak teh langkung
> palinter tinimbang 
> kapungkur. Eta bae, contona, upama nyandak 8 SMAN di
> Kota Bandung anu 
> passing grade (pg) minimal pang luhurna (tina kl 26
> sman), pang handapna teh 
> ukur 27,03. Ieu teh upama nyoko kana aturan pg keur
> panarimaan lulusan smp 
> anu rumusna 80%*UAN + 20%*UAS, hartina nilai UA
> siswa smpn anu katarima di 8 
> sman di luhur teu kurang ti rata-rata 8,5. Malah, di
> SMAN 3 Bandung mah taun 
> ieu moal aya siswa kelas 1 anu nilai UA smp-na
> kurang ti rata-rata 9. Ruarr 
> biasa cekeng ge.
>  Enya luar biasa (leupas tina ayana rumor anu
> nyaritakeun yen nilai UAS ti 
> sababaraha smp digedekeun, ghaib nu kitu mah, upama
> dituturkeun bisa kaasup 
> fitnah). Sabab, taun kamari, rata-rata UA siswa smp
> 8,5 teh masih bisa 
> katarima di SMAN 3 sanajan pangbuncitna dina ranking
> katarimana.
>  Tulisan kuring dina jejer ieu boh kahiji atawa
> kadua utamana ngebrehkeun 
> perkara henteu tuntasna ngalaksanakeun sistem atikan
> KBK. Anu dimaksud 
> henteu tuntas teh nyaeta henteu tuntas dina
> ngalarapkeun ti mimiti atikan 
> sapopoe, soal-soal anu diujikeun jeung cara
> nganilaina. Leuwih khusus, 
> tulisan si kuring samemeh ieu rada nganaha-naha ka
> lembaga smpn 2 anu kurang 
> tangginas dina nyanghareupan ngaronjatna "prestasi"
> smp-smp sejenna, boh 
> papada sakota Bandung atawa luar Kota Bandung. Hal
> ieu kabuktian ku 
> "prestasi" lulusan ieu sakola anu kawilang morosot
> taun ieu (upama disawang 
> tina jumlah murid anu katarima di sman-sman ranking
> luhur di Kota Bandung).
>  Nalika nuliskeun ieu jejer anu 2 runtuyan teh aya
> rarasaan yen barudak 
> lulusan smpn 2 taun ieu baris jadi "martir". Sabab,
> kareret, taun ieu loba 
> lulusan SD anu geus daftar ka smpn 2 ngabolaykeun
> (nyabut pendaftaranana) 
> tur pindah ka smpn sejenna anu prestasina ngaronjat
> (dumasar tina lulusanana 
> anu katarima di sman-sman rangking luhur). Tah, ceuk
> rarasaan atawa logika, 
> tangtuna oge ais pangampih smpn 2 taun hareup,
> "kumaha bae carana" salila 
> kongang, tangtu baris ngaronjatkeun prestasi
> lulusanana nepi ka, sakumaha 
> taun-taun samemehna, loba (kl antara 60-100 siswa)
> anu katarima di sman-sman 
> ranking luhur tadi. ieu teh upama ukur nilai UA anu
> jadi patokan. 
>  Baktos,
> manAR
>       
> 
>  On 7/14/05, Dede Ruhiyat <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote: 
> > 
> > Kahatur baraya,
> > 
> > 
> > barudak nu lain nu SMPna di Indo. Nu matak reueus
> nyaeta "kamajuan" nu 
> > matak hookeun ku
> > 
> > nilai NEM barudak jaman ayeuna, naha da NEM 27,
> 28,29 jeung 30 teh geus 
> > jadi ilahar, jadi
> > 
> > rata-rata nilaina salapan keur pelajaran
> Matematik, B. Inggris jeung basa 
> > Indonesia. Sigana
> > 
> > mun aya nilai 11 oge tangtu bakal kahontal (tapi
> tong suudzan ketah) 
> > Padahal
> > 
> > mun dibandingkeun jaman bareto sim kuring sakola
> nilai 5 oge seuseut 
> > seuat. Muga muga we
> > 
> > ieu teh minangka "suksesna" guru ngajar, nya
> tungtungna ari kitu kaayaana 
> > mah ku sim
> > 
> > kuring rek sena balik deui we. Sim kuring nu teu
> nyaho balukar pangajaran 
> > di lembur urang,
> > 
> > naha bener eta teh minangka kamajuan?, sugan aya
> baraya nu ilubiung dina 
> > dunia pendidikan
> > 
> > diantos rspon na. wassalam
> > oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Urang teraskeun lalampahan jeung lalakon ieu jejer
> saterusna:
> > Aya sababaraha fakta/kajadian dina panarimaan
> siswa smp-smp di sman-sman 
> > di
> > kota Bandung ayeuna-ayeuna ieu anu pikamelangeun.
> Ieu fakta atawa kajadian
> > teh balukar tina sababaraha hal anu kembangna geus
> disebutkeun dina jejer
> > ieu bagian (1):
> > a) kusabab aya bebedaan sistem atikan antaran KBK
> jeung non KBK. ]
> > b) Anu kadua, kulantaran dina nganilai hasil
> atikan (kaasup hasil ujian)
> > jeung cara panarimaan siswa di SMAN-SMAN di Kota
> Bandung disaruakeun 
> > antara
> > siswa SMPN KBK (smpn 2 jeung smpn 13) jeung non
> KBK oge heunteu dibedakeun
> > (heunteu aya test khusus) antara siswa smpn-smpn
> asal Kota Bandung jeung
> > luar Kota Bandung.
> > Dina nitenan kanyataan anu rek ditepikeun di
> handap ieu, aya hadena 
> > diinget
> > deui syarat nilai akhir asup ka sman-sman anu
> larap di sakuliah Indonesia
> > danget ieu. Ieu syarat teh nyaeta kieu: nilai
> ujian akhir (NUA) pikeun
> > ditarima di sman tujuan diitung tina 80% nilai
> ujian nasional (UAN) + 20%
> > nilai ujian sakola (lokal atawa UAS). Anu dujikeun
> dina UAN nyaeta 3
> > pangajaran (B. Indonesia, Matematika, jeung B.
> Inggris). Anapon anu
> > diujikeun dina UAS aya 4 pangajaran (PPKN, IPA
> (biologi jeung fisika), 
> > Agama
> > jeung IPS). Kukituna, NUA max anu mungkin kahontal
> ku siswa smpn teh 
> > nyaeta
> > 32.
> > Fakta atawa kajadian anu dimaksud teh nyaeta kieu:
> > 1) Passing grade asup ka sman-sman jadi ngaronjat
> pisan, anu matak
> > pikaheraneun jeung nimbulkeun paciweuh nalika
> waktu daftar lulusan smp di
> > Kota Bandung anu samporet (praktisna ukur 5 poe).
> Pikeun gambaran, upamana
> > bae nyokot sababarah sman salaku standar, ieu
> fakta teh bisa digambarkeun
> > sperti kieu:
> > a). Passing grade asup ka sman 3 upamana,
> panghandapna (NUAmin) 29.5. Anu
> > dumasar rumusan itungan NUA di luhur ieu teh
> hartina budak smp kudu boga
> > nilai ujian akhir anu 7 pangajaran teh rata-rata
> 9,2. Komentar si kuring:
> > hebat, lamun enya murid anu katarima di sman 3
> Bandung panghandapna boga
> > rata-rata NUA tin pangajaran anu 7 (Matematika,
> IPA, IPS, Agama, B.
> > Indonesia, PPKN jeung B. Inggris) teh gedena 9,2.
> Siga kumaha engkena ieu
> > sman 3, ruar biasa.
> > b) Murid-murid lulusan smp jeung kolotna tangtuna
> dina daftar ka sman teh
> > nyoko kana passing grade taun samemehna,
> kulantaran sakumaha dina "butir" 
> > a)
> > jeung b) di luhur, loba siswa anu kabelejog,
> dumasar kana hasil UAN-na
> > disangka bisa katarima di sman tujuanana (anu
> mimiti), tapi kanyataanana
> > heunteu kitu, alias loba anu kasered (heunteu
> katarima di sman tujuanana 
> > anu
> > mimiti);
> > c) balukar tina kaayaan 1) b), loba anu nyabut
> pendaftaran lantaran teu
> > katarima. Antukna sesa waktu penaftaran anu ngan
> sapoe (poe saptu anu
> > kaliwat) ngabalukarkeun pahibut jeung paciweuhna
> daftar ka sman-sman anu
> > dibalitungkeun baris nampa UAN-na (baris
> katarima). Kaaayan nyabut
> > pendaftaran di smpn asal jeung dafta anu kadua di
> sman-sman tujuan anu 
> > anyar
> > badis bae di pasar: pabaliut jeung henteu tartib.
> Pamustunganana, pikeun 
> > anu
> > henteu rajin ngamonitor mah loba anu lapur, teu
> katarima pisan di 
> > sman-sman
> > anu jadi tujuanana, boh di sman piliha kahiji
> atawa kadua (utamana anu
> 
=== message truncated ===


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke