Sapuk kang Dian...!, si teteh ngiringan......
Teteh mah pesen buku atanapi majalah sunda, dugi ka ayeuna hoyong langganan majalah teu acan tiasa......kasaha tah pesenan...?
Tiasa oge katuangan khas sunda, atanapi naon waelah , sok mangga baraya icalan naon ....?
 
teh ipeut

Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sim kuring aya usul.

Kumaha upami situs urangsunda.or.id janten "broker" kanggo warga kusnet anu kagungan usaha mandiri, atanapi muka toko online (http://toko.urang-sunda.or.id)? Nya sugan janten "Amazon" khas Sunda. :)

Anu ditawiskeun naon wae karajinan warga Kusnet samodel: buku, kaos, anyaman, bordiran, batik, tuangeun, jsb.

Wassalaam,
-Dian-


On 14/07/05, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sapuk MH, memang geus waktuna kacida perluna neangan sumber beaya keur ngawadahan garapan-garapan KUSnet. Ais pangampih KUSnet (Ua Sas, MJ saparakanca) tangtu keur mikiran hal ieu.
 
Di sagigireun neangan donatur, sabenerna mah loba bahan jeung sdm keur neangan sumber beaya teh. Kang MGT ti heula kungsi ngasongkeun proposal pikeun ngokolakeun website/milist anu leuwih mandiri (babasan nu matak keueungna mah: profesional). Konsep dasar usaha dina ieu proposal nyaeta ngahubungkeun kagiatan anu aya di alam "ghaib" (alam maya/internet) ka alam nyata. Upamana bae, Kang MGT ngasongkeun usaha widang event organizer pikeun neangan beaya (bubuhan anjeunna mah ahli seni), oge garapan-garapan samodel ngahejokeun TS, konsultasi perencanaan, sosialisasi ngagunakeun deukeutan budaya, jst (lolobana mah ieu garapan-garapan teh gumantung keneh kana proyek-proyek Pamarentah/link atawa pangrojong ti anu nyekel kaproyekan di pamarentahan).
 
Kamari waktu panglawungan di Cupumanik, Ua Sas ngasongkeun ide nyieun ensiklopedia digital anu engkena dijual. Ieu oge hiji usulan dina raragan neangan beaya tea.
 
Si kuring sorangan sabenerna geus mindeng gogorowokan di ieu milist. Yen Us teh boga produk-produk sarana tatanen anu kawilang jugala, malah si kuring keur ngeureuyeuh ngagenan, sanajan leuleutikan. Ngan nyaeta, kusabab pabaliut jeung waktu dines di kantor, kamekaran ieu usaha teh (utamana promosi pikeun muka pasar anyar) teu pati ka garap. Padahal mah ieu saran tatanen teh kabuktian bisa ngaronjatkeun hasil tatanen (pare, jsb) nepi ka 70-80%. Upamana tea mah aya organisasi ti KUSnet anu khusus ancrub ngagarap ieu usaha, lumayan da prosentasi keur agen teh cukup gede (bisa nepi ka 4% tina harga ti produsen). Kabeneran deui, antara si kuring jeung produsen teh langsung pisan, heunteu kahalangan deui ku agen sejen.
 
Usaha sejenna, upamana bae anu miang tina umumna kaparigelan warga Kusnet dina widang IT. Upamana bae midamelan program-program anu ayeuna bener-bener diperlukeun ku pamarentah atawa masyarakat umum.
 
Seueur pisan anu tiasa digarap, ngan patokanana mah usaha teh kudu nyoko kana ramat (jaringan, link) anu tiasa diwangun ku KUSnet oge organisasi anu profesional widang usaha ti YP, upamana: ngawangun Koperasi Yayasan mah teu meunang usaha, tapi Yayasan meunang ngawangun Koperasi keur usaha; keur catetan bae, si kuring ayeuna kapapancenan ku hiji organisasi pikeun nyusun AD/ART Koperasi anu dipayungan ku eta organisasi). Ngeunaan ramat, naon anu rek dikeureuyeuh ku Kang Sony kamari waktu tepung, sae pisan: nitetan deui database KUSnet jeung ngalengkepanana.Mangga, prung urang kawitan.
 
Baktos,
manAR
 


 
On 7/14/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hehehe, ngan 3m deui euy! mangkaning garapan numpuk
keneh! TQBS, koropak, PS masih perlu rohangan nu teu
saeutik.

ngeunteung ka dieu, jigana geus waktuna kusnet,
ngajalin gawe bareng jeung pihak lain, nu bisa jadi
sponsor. sabab ieu pagawean teh, teu cukup ku kahayang
hungkul. tapi kudu dibarengan jeung modal geuningan.
hehehe. aya sababaraha jalan nu bisa dipigawe sangkan
bisa ngamodalan kahayang. kahiji, kusnet geus waktuna
boga widang usaha nu bisa ngahasilkeun pikeun
ngabayuan garapanana. kadua, kusnet kudu bisa jeung
daek neangan sponsor ti pihak lain, naha pribadi,
sawasta atawa instansi sejenna.

noong beja ti mj, cenah disbudpar daek ngawaragadan
garapan tesis dokumentasi kaulinan urang sunda.
saenyana garapan anu keur dipaju, jiga digitalisasi
PS, pupuh, jeung sajabana, payus meunang pangrojong
sarupa. ngan jigana kumaha para pendekar kusnet bisa
ngalobina. wallahu'alam.

salam,
mh
 

--- Eko Ruska Nugraha < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Assalamu'alaikum wr.wb.
>
> Wilujeng enjing baraya sadayana, ieu mung bade
> masihan terang sesa rohangan server kusnet
> ( www.urang-sunda.or.id) kirang langkung 3 MB
> deui tina total 100 MB. Awal Agustus isuk ramatloka
> (website)  kusnet geus rek 2 taun,  Allhamdulilah
> nepike danget ayeuna geus nambah sababraha menu
anyar
> diantawisna: e-Pupuh; Koropak; Pusaka Sunda;
> Alqur'an; Aksara Sunda


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke