|
Hanjakal abdi teu tiasa nampi radio Bandung, mung
abdi mah bade nyumbang saran bae kanggo acara eta, tadi-na ieu saran oge bade
didugikeun ka Kang Runa nu bade ngeusi acara di radio Bogor tea. Dugi ka danget
ieu abdi masih keneh "katulangsara" upami emut ka "kasus rancamaya", nu
ngaleungitkeun titinggal karuhun janten lapangan golf, padahal jasana Sri Baduga
Maharaja Siliwangi teh lain wae gede jasa-na keur urang Bogor jeung Sunda
wungkul tapi oge keur urang Indonesia umumna. Nepikeun Soekarno nu urang
(Blitar) jawa tulen hayang dikurebkeun layonna di Bogor jalaran manehna meunang
ide ngahijikeun nusantara (pancasila) ti Sri Baduga Maharaja saparantos anjeuna
ngaos sajarahna Prabu Siliwangi, ti dituna mah meureun rek nganuhunkeun ka urang
sunda umumna margi ti raja anjeuna Soekarno beunang inspirasi, matakna manehna
menta dikurebkeun di tilas ibukota urang sunda baheula, ngan hanjakal harita
Soeharto teu ngidinan jalaran pulitik tea meureun. Tah balik deui ka "kasus
rancamaya", dina naskah kuno carita parahiyangan disebutkeun yen Jayadewata
(Prabu Siliwangi) ilang di Rancamaya, nu ngandung harti jasadna dikurebkeun
didinya. Kantos ngobrol sareng Pa Yoseph Iskandar ngenaan hal ieu (anjeuna oge
kantos nyarios kantos nampi talipung ti Kang Eddi Nugraha), ceuk anjeuna konsep
ngahiyang Prabu Siliwangi teh saparantos jasadna dikurebkeun kinten-kinten 12
taun (?), digali ku putrana (Surawisesa) nu ngaraos sono, deudeuh ka ramana nu
tos ngantunkeun, lajeng jasadna eta diduruk, abuna sabagena dikurebkeun deui,
sabagian diaurkeun ka tempat-tempat khusus, tah ieu nu dimaksad ngahiyang teh
atanapi "dihiyangkeun" saur Pak Yoseph Iskandar, nu matak teu kaget lamun
makamna Prabu Siliwangi aya dimana mendi sapertos Banten, Bandung, Garut,
Kuningan, jrrd. Harita Rancamaya diwangun teh nalika Soeharto keur jaya-jayana,
hawar hawar mah cendana oge nu nyieun rancamaya oge, mun rek nyaritakeun mah
"perih" pisan rahayat rancamaya nu nolak pangwangunan rancamaya teh, teu saeutik
rahayatna diteror, cenah mah aya oge nu ka nepi maotna, malihan aya hiji haji nu
lengenna cacad jalaran disiksa ku oknum tea, atuh bayangkeun wae kumaha warga
teu parotes mun harga sameterna di hargaan 75 perak (teu make embel-embel ratus,
rebu, komo juta mah), harita kantos aya panalungtikan ti arkeologi nu nyebutkeun
cenah rancamaya teh sanes mangrupi situs bersejarah, margina teu aya bukti
otentikna, lajeng disulaplaplap janten lapangan golf (kahadae panaruban
oge).
Kuring mah moal rek males dengdem rek nungtut ka
oknum-oknum tea, da geus euweuh gunana, nanging kuring mah hayang "ngabalikeun
deui situs rancamaya ka asalna", bari jeung teu kudu nungtut ieu itu ka oknumna,
balikeun bae ka asalna, ngarah urang sunda teu leungiteun sajarah budayana, ceuk
hiji ahli budaya teh "mun rek ngaleungitkeun identitas hiji etnis" leungitkeun
bae "budayana jeung sajarahna" bae.
Tah Ua Sas, Kang Oman, Teh Neny, Mang Je, Kang Runa
kinten-kinten makalah ieu tiasa teu dipadungdeunkeun ?
wassalam
|

