Gelo
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit
neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam
nanya ka hiji lalaki.
"Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
"Kumaha jalmina?"
"Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!"
"Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!"
Politisi Jujur
Di Bunderan HI Jumad keur unjuk rasa bari ngacung ngacung sapanduk. Dina
sapandukna aya tulisan daptar ngaran politisi busuk, keur kitu kareret ku
saurang politisi anu keur naek bus way,pudigdig manehna siga nu ambek
terus menta eureun persis di hareupeun si Jumad, tapi teu digugu lantaran
dilebah dinya euweuh halte. Kapaksa manehna turun di halte anu jauh
tidinya, bari haruhah harehoh pok ngomong satengah ngagorowok.
Politisi : "Nanaonan ieu teh ?" ( semu ngagidir)
Jumad : "Matak kieu ge supados masarakat terang, sareng dina waktosna
nyolok teu lepat milih !"
Politisi : "Tapi kudu kumplit atuh nyatetna !" ( rada leuleuy )
Jumad : "Maksad bapa?"
Politisi : "Kieu kieu ge pan dewek teh politisi oge euy !"
Jumad : "Muhun pan nu dicatet didieu teh politisi busuk wungkul !"
Politisi : "Ih ari maneh asa belegug belegug teuing...dewek can kacatet
didinya!"
Salah Ngajalankeun Tugas
Juragan Oded direktur PT. CEULEUPEUNG balik tikantor ngajenghok lantaran
ningali juragan istri nu katelah gan Onah keur ceurik ngabangingik bari
terus ngadu ka salakina.
Juragan Istri :"Pih.. tadi si emang tukang kebon cunihin ka abdi, tapi
saurna dipiwarang ku papih !".
Juragan Oded : "Naha kunaon kitu?â? ( ngajawab nyalse terus muka dasi
lorengna nu gagebay)
Juragan istri : â?oAh pokona cunihin tur campelak ka dunungan, naha leres
eta teh dipiwarang ku papih ?â?
Juragan Oded : â?oNaha da papih mah teu rumasa tutah titah nanaon ka
simamang teh, ngan tadi rumasa ngomong kieu dina telepon teh : 'Mang lamun
hujan, omat pangangkatkeun erok juragan istri, jeung asupkeun manuknaâ?¦
sakitu !'"
Papatah Siaki
Euis Dohoy jeung Asep Jebrag geus lima taun bobogohan, unggal ulin ka imah
akina dua duana sok dibere wejangan. Dasar ceuli si Asep mah lower asup
tikatuhu kaluar ti ceuli kenca, kitu deui papatah akina euweuh tapak
tapakna acan. Hiji mangsa kacaritakeun Euis Dohoy jeung Asep Jebrag keur
diuk paduduaan dina samak salambar bari lalajo sing suruwukna cai laut
pantai Pananjung wanci balebat.
Ragamang leungeun si Asep mimiti nyaliara, tep eunteup dina palebah bitis
Euis Dohoy anu keur emok cabok, terus ngarayap deui sajengkal tidinya, reg
eureun deui. Euis Dohoy ngadilak. Karayap deui dua jengkal deui. Reg
eureun deui. Euis Dohoy ngadilak deui bari pok ngomong semu haroshos.
"A..Asep sing emut piwuruk si aki nu kahiji !"
"Aduh punten..sakali deui punten !" ceuk Asep Jebrag bari ngejatkeun
leungeunna.
"Teu sawios A...! Euis Dohoy nembalan semu handeueul.
Isukna Asep Jebrag papanggih jeung si aki panasaran pok nanya.
"Ki ari piwuruk aki nu kahiji teh naon, abdi mah hilap deui ?"
"Dasar maneh mah lower, yeuh dengekeun geura, piwuruk kahiji teh 'Mun
Migawe Nanaon Ulah Sapotong Sapotong Tur Ulah Dirandeg Randeg, Teruskeun
Nepikeun ka Jucung !'"
Sababna Nagara Lila Maju
Ibro jeung Uhe balik nongton film kungfu. "Paingan atuh Cina teh kaasup
nagara nu tinggaleun di banding Amrik."Nya, da nagara komunis mah, pasti
kitu...lila rek maju teh."
"Ah, lain ku nu kararitu wungkul. Tadi katenjo, apan urang Cina mah, mun
parasea teh, nepi ka jam-jaman gelut, make jurus kungfu shaolin.. beda
jeung urang Amrik. mun parasea, ukur memenitan, da paheula-paheula
nembakeun pestol. Urusan jadi tereh beres..."
"Bedul teh..." (MJ).

Start your day with Yahoo! - make it your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.