Rampes,
Teu langkung akang Agus eta mah bade nyebat kumaha, upami ningal tina yuswa mah abi balita keneh (Bawah 25 Tahun), he..he..
Upami tempat di ajar damel mah di Bogor keneh kang, di lembaga penelitian. Tapi asa hoyong ngalih, he..he..
Muhun tah, kang mugi kasundaan di Tasik tiasa langkung nanjeur. Muhun upami angkatlah perkawis budaya sunda anu aya di wewengkon Tasik. Hayu atuh kang sakantenan urang tukar informasi anu aya di Tasik, da geuningan langki pisan abi teh Ka Tasik.
Kumaha kang halerang keneh Tasik teh? heu...heu...punten ah kang heureuy...
On 7/14/05, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
SampurasunDupi salira Runa Inawan, kedah kumahanya sim kuring nyebatna supados langkung wanoh?Alhamdulillah parantos Damel mah atuh, leresan dimana damel teh?sareng lulusan tahun sabaraha?Numawi sim kuring di Tasik asa karareu-eung, dumeh teu acan panggih sareng kiSunda urang Tasik anu seueur, nya ari sapalihna anu disebat kiSUNDA mah parantos tepang, mung kanggo syi'arna kasundaan teu acan teteg.ti antawis web sunda oge, Admin www.tasikmalaya.go.id teh sim kuring oge teu acan panggih/teu wanoh. kantenan upami ulubiung ngenaan kiSUNDA dina web Tasik mah, duka bade kamana ngangkatna, naha bade ngangkat budaya Batur/Luluhurna Urang Sukapura+kiSUNDA...duka kamana atuh...Insya Allah kapayunna sugan tiasa di eleketek ku sim kuring.sakitu heula nyabaktosAgus Wirabudiman----- Original Message -----From: Runa InawanSent: Thursday, July 14, 2005 3:17 PMSubject: Re: [Urang Sunda] Re: tumarosAduh irahanya kang ? Hoyong mah hoyong ka Tasik teh mani asa teterejelan ieu teh, he..he.,Mung nya kitu kang abi teh ayeuna mah nuju di Bogor. Nuju di ajar damel, upami sakintena di Tasik aya padamelan mah kanggo abi, abdi mah hayu wae bin sumanget pisan kang.Nya upami teu tiasa deui ka Tasik mah, satekah polah / sakatiasa abdi insya Alloh ngiringan ngawangun Tasik Ti katebihan. Panginten insya Alloh upami aya naon2 mah bade kontak akang.Kapungkur mah nuju mahasiswa keneh da kantos ka unsil teh, muhun kerjasama kegiatan dina raraga ngalaksanakeun Program Kreativitas Mahasiswa dina biang Pengabdian Masyarakat, dugi aya anu karenal ka mahasiswa Unsil teh (mhs pertanianana). Malahan kantos mahasiswa Fak. Pertanian Unsil Ka Bogor ngiringan kegiatan ISMPI (Ikatan Senat Mahasiswa Pertanian) 2 kali.Tah hiji deui kang, asa ku lebar ningali situs www.tasikmalaya.go.id teh, pikawatireun, muhun data2na tara di update. Benten sareng situs Garut, data2na enggal2. Cobi geura kang ketrokan bin toelan bin "tarok", he..he..teh pengelola situsna. Hawatos ku biayana anu mahal.Cag, sakitu heula kang.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

