Tata Krama Basa Sunda

nu nulisna: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga
Sumber asli: http://www.sundanet.com/artikel.php?id=128?

Nurutkeun panalungtikan Tatakrama Basa Sunda atawa sok disebut oge UNDAK 
USUK BASA SUNDA (UUBS) teh wangunna saperti kieu:
 


I. RAGAM BASA HORMAT (BASA LEMES)

 Dina hakekatna digunakeunana ragam hormat teh taya lian pikeun 
nembongkeun rasa hormat ti nu nyarita ka nu diajak nyarita jeung ka saha 
nu dicaritakeunana. Ragam Basa Hormat aya dalapan rupa nya eta: 1. Ragam 
Basa Lemes Pisan/Luhur; 2. Ragam Basa Lemes keur Batur; 3. Ragam basa 
Lemes keur Pribadi/Lemes Sedeng; 4. Ragam Basa Lemes Kagok/Panengah; 5. 
Ragam Basa Lemes Kampung/Dusun; jeung 6. Ragam Basa Lemes Budak.
 

II. RAGAM BASA LOMA (AKRAB, KASAR)

 Basa loma atawa nu ilahar disebut basa Kasar, saenyana lain dina harti 
kasar henteu ngahormat, tapi kulantaran digunakeun pikeun komunikasi di 
antara anu geus wanoh, jeung babaturan ulin upamana. Ragam Basa Loma ieu 
teh aya dua rupa nya eta: 1. Ragam Basa Loma/Akrab; jeung 2. Ragam Basa 
Garihal/Songong/Kasar Pisan.
Ragam basa anu garihal ieu mah digunakeunana teh keur ka sato atawa 
digunakeun ku jelma nu keur ambek pisan.

Jadi Undak Usuk Basa Sunda anu dina Kongres Basa Sunda taun 1986 di 
Cipayung Bogor disebut TATAKRAMA BASA SUNDA teh upama dijumlahkeun mah 
aya dalapan tahapan (ragam).


Sanajan Konferensi Kebudayaan Sunda I di Bandung jeung Kongres Basa 
Sunda VII di Garut ngusulkeun supaya Tatakrama Basa Sunda (UUBS) cukup 
dua tahap bae nyaeta RAGAM HORMAT jeung RAGAM LOMA, tapi dina hirup 
kumbuh sapopoe mah masih keneh digarunakeun TILU TAHAP/RAGAM . Ieu di 
handap digambarkeun POLA TATAKRAMA BASA SUNDA dina tilu Tahap/Ragam tea, 
nyaeta:


· Ragam basa Loma/Akrab/Kasar (A)
· Ragam basa Lemes keur Pribadi (B)
· Ragam basa Lemes keur Batur/Lemes Sedeng (C)


* Katerangan tanda: ? henteu sarua; = sarua.
 


POLA I: A ? B ? C

 Jumlah kecap anu make pola saperti kieu kaitung saeutik pisan (k/l 25 
kecap), nu sok disebut kecap lemes keur pribadi/lemes Sedeng, ieu anu 
ulah salah dina ngalarapkeunana teh:

- balik ? WANGSUL ? mulih
- bawa ? BANTUN ? candak
- beuli ? PESER ? galeuh
- biasa ? TIASA ? iasa
- boga ? GADUH ? kagungan
- dahar ? NEDA ? tuang
- datang ? DONGKAP ? sumping
- denge ? KUPING ? dangu
- era ? ISIN ? lingsem
- gering ? UDUR ? teu damang
- imah? ROROMPOK ? bumi
- indit ? MIOS ? angkat
- kasakit ? PAUDUR ? kasawat
- menta ? NYUHUNKEUN ? mundut
- nitah ? NGAJURUNG ? miwarang
- ngomong ? SASANGGEM ?sasauran
- nyaho ? TERANG ? uninga
- pamajikan ? BOJO ? garwa/geureuha
- poho ? HILAP ? lali
- sare ? MONDOK ? kulem
- tanya ? TAROS ? pariksa
- tenjo ? TINGAL ? tingali


Conto kalimahna:
· Ari maneh balik ka lembur teh arek iraha?
· Dupi abdi WANGSUL ka lembur teh bade enjing bae.
· Dupi akang bade mulih ka lembur teh bade iraha?


Perhatikeun pisan pola di luhur:
A ? B ? C : A henteu sarua jeung B, B henteu sarua jeung C. Upama bae 
urang geus bisa merenahkeun ngagunakeun kecap-kecap nu ditulis ku aksara 
gede (kapital) nyaeta kecap-kecap nu kaasup basa Lemes keur Sorangan, 
urang geus henteu kudu salempang sieun salah nyarita ku Basa Sunda teh.
 


POLA II: A = B ? C

 Pola kadua mah nyaeta: A sarua jeung B, tapi B henteu sarua jeung C.

Digunakeunana KECAP LOMA/KASAR pikeun ka diri pribadi, pangpangna anu 
tumali jeung babagian awak saperti sirah, ceuli, huntu jste, eta kudu 
ngagunakeun kecap Loma/Kasar, contona:


- huntu = HUNTU ? waos
- biwir = BIWIR ? lambey
- irung = IRUNG ? pangambung
- baju = BAJU ? raksukan
- lalajo = LALAJO ? nongton
- ngaji = NGAJI ? ngaos
- nginum = NGINUM ? ngaleueut
- puasa = PUASA ? SAUM
- samping = SAMPING ? sinjang
- ulin = ULIN ? amengan


Conto kalimahna:
· Cenah kamari maneh nyeri huntu, enggeus ka dokter gigi acan?
· Abdi kamari nyeri HUNTU numawi teu tiasa dongkap ka kantor.
· Saurna bapa nyeri waos dinten kamari teh, kumaha ayeuna parantos damang?
 


POLA III: A ? B = C

 Pola katilu mah kecap anu digunakeun keur ka diri pribadi teh kudu 
sarua jeung kecap nu digunakeun keur batur. Jumlahna kaitung rada loba. 
Ieu keur sakadar conto:

- bungah ? BINGAH = bingah
- eleh ? KAWON = kawon
- kajeun ? SAWIOS = sawios
- kungsi ? KANTOS = kantos
- tepung ? TEPANG = tepang


Conto kalimahna:
· Jang Iwan kacida bungaheunana dumeh meunang hadiah lebaran.
· Abdi kacida bingahna wireh kenging hadiah lebaran
· Ibu Aminah kalintag bingaheunana wireh kenging hadiah lebaran.


Jumlahna kaitung rada loba oge, malah karereanana mah geus arapal da 
mindeng digunakeun sapopoe.
 


POLA IV: A = B = C

 Pola anu kaopat ieu mah teu kudu hese mikiranana. Nu kaasup pola nu 
kaopat ieu teh nya eta kecap bilangan, kecap pananya, kecap panunjuk, 
kecap tingkatan.

- aya = AYA = aya
- sabaraha = SABARAHA = sabaraha
- kumaha = KUMAHA = kumaha
- naon = NAON = naon
- itu = ITU = itu
- ieu = IEU = ieu
- kahiji = KAHIJI = kahiji
- kasapuluh = KASAPULUH = kasapuluh
.... jeung sajabana ti eta.
 
 


PANGJANGKEP TATAKARAMABASA

 Ngagunakeunana Tatakrama Basa Sunda (UUBS) henteu lesot tina unsur nu 
ngarojongna, nya eta:

- Lentongna nyarita (gaya nyarita, intonasi).
- Pasemon.
- Rengkuh (gerakna awak).
- Tata busana.


Tapi nu jadi dadasar utama dina Tatakrama Basa mah nya eta itikad atawa 
kaweningan hate nu nyaritana. Kalemesan budi jeung rasa kamanusaanana. 
Hal ieu mah saenyana di luareun aspek basa. Tapi kacida nangtukeunana 
kana luhur-handapna ajen kamanusaan. Tatakrama raket tumalina jeung adat 
kabiasaan. Ku kituna dina ngagunakeunanana oge tangtu bae kudu nitenan 
kana adat kabiasaan di wewengkon masing-masing.
 


KAGUNAN (FUNGSI) BASA

 Digunakeunana basa sabage alat komunikasi teh tangtu bae aya maksud 
jeung tujuanana, di antarana bae nyaeta:
 

1. Kagunan Kognitif. Tegesna basa teh digunakeun pikeun nepikeun elmu 
pangaweruh. Tatakrama basana oge kudu singget, eces jeung nyusun.
2. Kagunan Konatif/Persuasif. Tegesna basa teh digunakeun pikeun 
mangaruhan batur, supaya nurut kana kahayang nu nyarita.
3. Kagunaan Estetis. Tegesna basa teh digunakeun pikeun ngagambarkeun 
rasa kaendahan. Ieu oge aya tatakrama basana. Upamana bae kudu bisa gaya 
basa (stilistika). Nyusun kecap nu endah supaya nimbulkeun rasa endah 
pikeun nu macana/ngaregepkeunana.
4. Kagunan Fatis. Tegesna nuwuhkeun rasa kataji (hormat, simpatik). 
Carana nyaeta bisa nyusun kecap, intonasi jeung retorika (elmu nyarita).
 
 


CARA DIAJAR NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA

 Ngagunakeun tatakrama basa Sunda tangtu bae hasil tina diajar. Carana 
di antarana nya eta:

1. Sering merhatikeun batur nu basana luyu tur merenah (baik dan benar).
2. Sering maca buku nu beres susunan basana.
3. Aya sikep kritis waktu maca atawa mun ngabandungan batur nu keur 
cacarita.
4. Biasakeun nyarita ngagunakeun basa nu luyu tur merenah.
5. Keur latihanana kudu dibiasakeun nyarita ulah rusuh teuing, jadi aya 
kasempetan pikeun milih jeung nyusun kalimah.
 


Di masarakat mah kamampuh ngagunakeun Basa Sunda, pangpangna ngagunakeun 
Tatakrama Basa (UUBS) kacida pentingna. Kapan aya paribasa: Hade ku 
omong goreng ku omong. Basa mah henteu meuli. Basa mah leuwih seukeut 
tibatan pedang. Aya paribasa Arab: "Kuli lisani bil Insani" anu hartina 
"Tambah loba basa anu urang bisa, tambah luhur niley kamanusaanana".


Nurutkeun hasil Konferensi Internasional Budaya Sunda I (KIBS I) di 
Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut, ditetepkeun yen Tatakrama 
Basa Sunda teh (UUBS) ngan aya dua Ragam/Tahap nyaeta:


1. Ragam BASA HORMAT, asal tujuanana nu nyarita teh hayang NGAHORMAT ka 
nu diajak nyaritana. Ku kituna henteu SALAH, atawa bisa dianggap BENER 
upama aya nu ngomong campur aduk ngagunakeun basa lemes keur batur, basa 
lemes keur Pribadi jeung basa lemes keur Budak, malah teu nanaon 
ngagunakeun basa lemes dusun/dialek oge.
2. Ragam BASA LOMA. Ieu mah nya nu saperti ilaharna bae nu disebut basa 
KASAR. Digunakeunana pikeun nyarita jeung papada nu geus loma. Ngan 
tangtu bae ari basa garihal/songong mah tetep henteu pantes digunakeun 
dina cacampuran anu sopan mah.
 


Kitu hasil putusan KIBS I jeung KBS VII teh. Tapi tangtu bakal aya bae 
masalah nu disanghareupan mah, di antarana nyaeta kumaha bahan 
ajarkeuneun di sakola-sakola, da kapan ari di sakola mah tetep kudu ajeg 
dina palanggeran anu normatif. Ngan nu tetela ku kitu ku kieu ari Basa 
Sunda mah tetep kudu dipiara jeung digunakeun.
 


BASA TEH KURNIA ALLOH SWT

 (Pupuh Dangdanggula)

Ari basa kurnia Illahi,
ku kituna wajib dipiara,
tanda kaagungan Alloh,
keur alat campur gaul,
duduluran silaturahmi,
jeung silih ajenan,
bisa anggah-ungguh,
sopan santun ka sasama,
da basa mah teu mahal teu kudu meuli,
ciri kamanusaan.

 

durahman wrote:

>he..he... Basa sunda anu bener. Nu mana ari basa sunda anu benerteh??? 
>Basa sunda najan ngarana hiji tapi 'variana' aya sababaraha. Nu hiji 
>jeung nu sejena aya berbedaan saeutik lobana. Naha ari basa sunda anu 
>bener teh.....
>-basa sunda nu dipake ku urang banten?
>-nu dipake ku urang badui????
>-nu dipake ku urang cianjur?bandung?tasik?sumedang?
>-nu dipake ku urang bogor, sukabumi?
>-nu dipake ku urang majalengka, cirebon, kuningan??
>-atawa nu benerteh nu diajarkeun di sakola-sakola???
>
>Mangga ah. Kuringmah teu bisa ngawabna.
>
>wasalam,
>Durahman
>(nu basa sundana sarua masih basa sunda pasar pisan)
>
>Ivan-Alidjaja (Jakarta) wrote:
>
>  
>
>>sampurasun
>>
>>basa sunda abdi teh basa pasar pisan, rada era upami gabung di dieu tapi basa 
>>na teu bener. Aya teu buku atawa web site nu ngajarkeun basa sunda nu bener 
>>(bahasa sunda yang benar).
>>    
>>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke