euleuh euleuh kade tah bilih lepat persepsi, kana cd bajakan tah... janten hoyong enggal uih ka bdg we, ngadangukeun deui antasalam mangkaning tikapungkur ge tukang ngadangukeun antasalam komo enjing enjingmah sok muter lagu2 sunda dugi ka 3 jam-an nana... jigana abdige ngantosan tah penggandaan cd eta he he he...
--- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Wilujeng Uwa Sas saparakanca, > Bati hoyongna wae ngabandungan Kusnet manggung na tipi sareng > na radio teh ... > hanjakal frekuensina teu katewak di jakarta mah... > aya rekamanana henteu Uwa Sas ? > pami aya mah tiasa digandakeun dina CD, keur tongtoneun > sareng dangueun Kusnet nu teu kungsi nongton tipi sareng > nyetel radio. Ngagandakeunana mah dikantor abdi ge tiasa. > > > -dul- > > > > > > --- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Jumaah sonten ti tabuh 3 dugi ka tabuh 5, Kusnet tos ngaduakalian > ngajomantara di radio Antasallam Bandung, nu hadir ti Kusnet nyaeta > sim kuring, Kang ManAR, Teh Nenny sareng Kang Dipa ( Kang Soni teu > hadir da nuju di Bogor, Mang J teu hadir da nuju piknik ka > Pangandaran), anu ti Antasallam aya duaan, anu dibahas Kadaharan > Sunda tapi dina derna mah langkung seueur ngupingkeun panglaman Teh > Nenny icalan comro di Houston, Alhamdulillah seueur respon ti kaum > dangu da aya SMS sareng telepon anu ngiring mairan. > > Ieu acara ku Host ti Antasallam dikemas lir obrolan di warung > bandrek, enas-enasna ieu acara kanggo saheulaanan ngawanohkeun Kusnet > ka kaum dangu tur janten Kampanyeu Reueus Sunda. > > > > Sapertos anu diposting ku sim kuring wengi kamarina, kanggo minggu > payun Insya Alloh bade ngabahas kaulinan barudak, Teh Mpup sareng > Kang Kumi janten narasumber (kanggo referensi mah aya buku-bukuna di > sim kuring), anu janten bintang tamu Teh Lies Paris ti London anu > nuju aya di Bandung, urang guar naon pangna anjeuna masih keneh > micinta Sunda padahal tos lami mukim di London sareng masih emut teu > kana sondah jeung kaulinan liana (Teh Lies....punten mayunan > dibewarakeun....Teh Mpup tos kontak teu acan ka Teh Lies...!?) > > > > Cag ah...tos tunduh...!! > > > > MSasmita Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

