Kutan teh aya kang Geni ? Euleuh...damang, Kang ? mangga atuh kalebet, seu'eur urang Kuningan di dieu teh mung sok nyarumput wae sapertos abdi. Komo mang Rin mah karesepna teh tu'ang toong pami kang Ndoel mah resepeun cubak cabak hehehe
Mangga ah, Titi -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of ndoell Sent: Monday, July 18, 2005 11:22 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Re: Punten Ngiring Ngariung Wa'alaikum salaaaaaaaaam warohmatullohi wabarokaaatuh... Alhamdulillah, nambihan deui baraya salembur kuningan wilujeng sumping Kang Geni, mangga ngariung di ieu lembur. tong asin-asin èh..isin-isin. timana-mendi gè araya. ti kulon, wètan, kidul, kalèr ogè aya. Kang Rindang mah biasana sok tu'ang-toong, kè gè ngalangkung geura. sila deui.. -dul- --- In [email protected], "genibara" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamu'alaikum > Punteeeeeeeeennnn.......araya kitu ? > > Tah.....geuning aya Kang Ndoell...aeh aya Kang Rindang oge, kumaha damang kang ? > euleuh geuning seueur dulur didieu mah.....euleuh geuning teh Titi ge aya didieu....tos lami teh ? > > Punten akang-akang oge teteh-teteh, nepangkeun simkuring , genibara padumukan kapungkur nuju alit (da asa geus gede ayeu na mah, hahahaha kapan geus boga buntut :) ) nyangkoyot di sisi gawir gunung sarongge, ti kecamatan Cibingbin mah ka palih kidul, anu kateulah mah lembur teh Kampung Cibodas Desa Cipondok. Malahan basa kapungkur mah leumbur abdi teh sok kaliwatan ku tangtara anu nuju "latihan leumpang jauh", anu brasna ka Cilacap, tah ceunah mah di Cilacap teh dikojaykeun dugi kana kapal cai. > > Ayeuna mah simkuring nuju ngarangkay nyieun hawu teh di kampung keneh, nyaeta di Sukapura beulah kidul anu katelah mah Kawalu. Perkawis pacabakan mah abdi mah buburuh di swasta. > > Cag ahh sakitu heula, puntennya simkuring mah teutiasa basa sunda anu merenah, maklum asal Kuningan pasisian pagigir-gigir sareng urang jawa, jadi pacampur basa teh...walhasil basa sundana anu kasar. > > Pa Kuncen....wilujeung teupang.. > > genibara > isk-isuk di tasik mah hujan, jabage sarung teu kabawa..tariris yeuh... Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

