Bagea kadang sadaya, bingah pisan yeuh kuring tiasa ngawangkong tur miraket tali mimitran sareng baraya asli sunda subendereun dunya panginten nya...?
Nepangkeun ah.. wasta ZAZA , pakasaban biasa we P7 tea (pergi pagi pulang petang penghasilan pas-pasan...)
Satuju lah KUSNET ieu bakal langkung ngamumule basa indung urang.. didukung.... jadi lamun translete basa sunda ka Indonesia teh tiasa rada nyambung..
Ulah heug siga pamaen pamaen PERSIB jaman baheula waktu tanding ngalawan Jepang.
Kieu caritana :
Basa Indonesia masih keneh dianggap pupuhu menbal di ASTENG pas keur penyisihan piala dunia (taunamah lebeng.....) sebut we lah kang Robbis Darwy kapilih jadi salah sahiji pamaen tukang ku pelatih harita ngalawan Jepang
Heureut carita, der menbal nu pinuh ku permaenan keras teh digelar, di tengah lapangan penyerang Jepang jejeletrean nyekelan suku sabada diadu suku jeung kang Robbis nepi ka digotong ka luar lapangan bari teu ereun-ereun baceo nununjuk kang Robbis [keun bae ah .. teu ngarti ...da ngambekna ge make basa Jepang.... kitu meureun gerentes kang Robbis].
Walhasil skor akhir jejeg 0-0.
Sanggeus bubaran kang Robbis nu kaitung bentangna lapangan diriung kuwartawan, sanajan luat-leet kesang ge keukeuh we manehna ngajawab sapuratina bari teu leungit logat sundanamah.
Wartawan (W) : Rob, anda bermain cemerlang hari ini apa rahasia anda ?
Robbis (RD) : yah... sayahmah bermaen berdasarkan parentah dari pelatih, kata pelatih teken sayah teken, kata pelatih lepas saya lepas..
W : Tadi anda berbenturan dengan penyerang Jepang sampai dia kesakitan dan dibawa ke luar lapangan, bisa diceritakan apa yang terjadi..?
RD : Biasalah kakinyah beradu sedikit sama kaki sayah.
W : Tapi kok sampai digotong keluar lapangan begitu ?
RD : Begini tadi saya ga sengaja nendang...(heup manehna mikir, naon basa indonesiana "mumuncangan"...........) ohh... itu ketendang sedikit "kemiriannya"
Tuh geuning, sabab kurang paham "translate" sunda-indonesia nepi ka "mumuncangan" dihartikeun Kemirian, meureun pedah muncang = kemiri, padahal maksudnamah mata kaki meureun nya...?
Cag.....
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

