Gampil atuh dina ngaronjatkeun kamampuan tehnis mah,
para anggota KUSnet seueur anu "jago' dina widang IT,
tiasa disuhunkeun ngajarkeun "kursus kilat" atanapi
modul-modul anu tiasa "dipelajari" jarak jauh. Asal
aya kahoyong sareng aya komitmen.Ari ceuk kuring mah,
tiasa ngetik nganggo komputer wae mangrupikeun salah
sahiji modal kamampuan teknis anu luar biasa.

Kumargi kang Mustakim anu ngusulkeun munggaran, nya
kedah janten "pelaksana" sakantenan. Sapertos kang MH
anu ngusulkeun digitalisasi Poesaka Soenda, sareng
terjemahan al Qur'an, nya anjeuna pisan anu
ngalaksanakeun sareng bagi-bagi tugas. Para juru
kuncen KUSnet tos sibuk kupadamelanana anu utama
sewang-sewangan. Tah didieu risikona anggota enggal,
anu teu acan ningali sikon di KUSnet tapi gaduh
usulan. Punten sanes neumbleuhkeun. Para anggota
KUSnet anu gaduh kagiatan dina enggoning majengkeun
kasundaan estu sukarela pisan, teu aya dorongan
atanapi motif sanes. Sapertos siga kamari KUSnet
ngiringan kongres basa sunda di Subang, saha wae anu
aya waktos sareng tiasa ngadamel makalah. Sabada
kongres, aya anu nawisan ngeusi acara di radio, nya
kedah aya atuh ti KUSnet anu tiasa ngeusian acara eta.

Kumargi kitu, langkung sae upami usulan kang Mustakim
teh tiasa direalisir ku nyalira kalayan dibantosan ku
para anggota KUSnet sanesn, utamina anu ahli dina
widang IT. Kuring mah bade nonton wae lah. (Masih aya
pancen ngetik Poeska Soenda ti kang MH anu teu acan
rengse.)


baktos,


mrachmatrawyani

--- "A.M. Ardipradja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Hatur nuhun pa Siddik,
> Namung nyaeta perkawis ngalaksanakeun ieu gagasan
> simkuring teh teu gaduh kamampuan tehnisna


                
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page 
http://www.yahoo.com/r/hs 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke