Waalaikum salam wr. wb.
Nya upami ngaragukeun (henteu tangtos) mah, ulah waka dikintun atuh, hanjakalnya teu aya wargi US di Baturaja, upami aya mah tiasa disuhunkeun tulungna kanggo marios eta kasus.
Wassalam
ssw
suryadi_s <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
suryadi_s <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ass. Bah Siddik....sareng saderek sadaya..................
Tadi enjing-enjing sim kuring di telepon ku uwa Sas yen anjeuna nampi serat anu sapertos diuningakeun tea.
Saparantos kitu sim kuring nyobian kontak ka alamat nu dipasihan ku Uwa Sas, dina obrolan sareng Pak Hasbulah sim kuring rada cangcaya margi saparantos ditaroskeun naha aya katangtuan yen ujian nasional teh dikedahkeun ka siswana ngangge Seragam ???, ari waleranana teh rada manuan maniun teu puguh, teras abdi naroskeun alamat dinas Pendidikan Baturaja anjeuna teu terangeun alamat sareng no Telepon Dinas DIKNAS Baturaja.
malihan ku abdi ditaroskeun naha salaku kepala sakola di Baturaja teu terang nomer Tlp dinasna (ieu hal rada teu ilahar) piraku kapala sakola teu apaleun nomor tlp dinasna saparantos diodesek-desek anjeuna malihna nutup teleponna.
Ku ayana hal ieu numutkeun pamendak sim kuring mah saupami bade nyumbang ka murangkalih anu yatim-piatu atanapi nu teu mampuh kanggo waragad sakola (sok sanaos nu disuhunkeun nana teu ageung) langkung sae anu jelas-jelas wae alamat sareng urang uninga murangkalihnya, sok bilih ieu teh nu bade nipu ku jalan ngajual pendidikan keur jalmi nu teu mampu.
Sakitu hatur nuhun
Wassalam
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

