meunang tilu poe di pangandaran teh. kemis sore, jumaah, saptu nepi ka jam 12an. sabeus gede, ngendong di hotel hareupeun pantai timur.
saptuna aya PKF, pangandaran kite festival. direuah-reuah ku mangrupa-rupa kasenian kaasup ronggeng gunung tea. ngan teu lalajo terusna da beus kaburu balik ka bdg. ngan katingali we unggal kontingen kasenian teh ngajajar siga upacara heula. beda ayeuna mah ka pangandaran teh. teu bisa ngojay sakarepna. da boga budak jagaeun. malah antukna mah teu ngojay ka tengah, da nyenyekel si tizzy nu hayang ngojay oge, di sisi. saptuna beus liwat ka gunungcupu. dahar beurang di man jabal 2. rada baraya keneh ka nu bogana. asalna mah teu beja2 eta teh baraya urang, bisi menta diskon. dahar beurang ampir siga sa RT-eun tea. ngampar samak. beus ngabiur ka bandungkeun. kuring jeung buntut (buntut maung sugan) ngadon nyimpang ka imah kolot nu teu jauh di Man Jabal 2. ngendong sapeuting. isukna ka bdg kana 4848, nyegat hareupeun imah. ngan budak teh keukeuh embungeun di pangku ku ninina. meureun jarang pisan panggih, teu pati wawuh. tilu kali budak teh ngajaran ka pangandaran. munggaran mah, 2003, keur na beuteung indungna keneh. 2004, masih keneh dina roda da can bisa leumpang. kamari mah geus bisa lulumputan dina keusik. pangandaran ku kuring ditulis dina novel ka dua, Rakkaustarina oge dina novel ka tilu nu mudah-mudahan tereh medal. rumasa urang gunung meureun, jauh ka basisir, komo ayeuna cicing di bandung pisan. ka basisir teh, komo pangandaran, asa reuni, tapi teuing jeung saha. jeung laut we nu pasti mah. ayeuna mah, beus teh ngan nganteurkeun ka hotel wungkul. teu ngajemput balikna. ti hotel ka pasar baru/pasar seni pangandaran kudu kana beca. nya meureun bagi-bagi rejeki jang tukang beca nu aya di pangandaran. sangkan tukang beca oge karasa kasimbeuhan rejeki wisata pangandaran. aya alusna, sanajan jadi riweuh barangbawa jeung budak ongkoh. mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

