Sapurasun .........
Saderek warga Kusnet sadayana....kumaha daramang?
Nuhun ah upami daramang
mah ....( upami henteu damang mah... henteu
nuhun........hehehehehe).
Nyuhunkeu pidu'ana wae ti sadayana...wireh pun bojo
teh ayeuna parantos
sasihna...
Insya Allah panginten 1 ~ 2 minggu kapayun... sim
kuring tah tos nambah
buntut hiji deui. Ari numutkeun hasil USG sareng
tukang pijet nu sok
biasa marajian... saurna teh Insya allah budak teh
lalaki. Emh ...upami
leres mah panginten sim kuring bakal boga budak
sajodo.
Tah ayeuna sim kuring teh nuju muter rada lieur...
kinten2 budak teh rek
dibere ngaran saha.....
Cing atuh susuganan diantara saderek aya ide saha
kinten2 pingaraneun pikeun
budak lalaki anu bener2 "NYUNDA".
Ari danget ayeuna nu kaemut teh "LINGGA", upami teu
lepat hartosna teh
lalaki. tah kinten2 nami tengahna naonnya ambeh
pantes dilarapkeun sareng
nami pengker abdi. Naha........ Lingga Ibnu
Rochjana....atanapi naon nya.
Sok atuh dulur... tulungan kuring ...pangnyiarkeun
ngaran anu pas...ngarah
jagana budak teh bener2 "NYUNDA" sukur-sukur bisa jadi
KISUNDA nu jagana
bisa mangpaat pikeun kahirupan sarta kamajuan urang
Sunda.
Hatur nuhun sateuacanna.
Wassalam,
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page
http://www.yahoo.com/r/hs
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/