Rampes,
Aeh Kang Agus, naha siga anu kakantun informasi? Danget ieu aksara Sunda geus ditetepkeun ku Perda, lain HANACARAKA deui, tapi geus diganti ku aksara NGALAGENA atawa aksara KAGANGA atawa aksara RATU PAKUAN. Numutkeun Abah Surya, eusining filosfis (hermenetika) anu dikandung ku aksara Kaganga kacida universalna, sakumaha tiasa diilo dina seratan anjeuna "Dangiang Aksara Sunda, Pemaknaan Filosofis terhadap Susunan (Abjad) Akasara Sunda" di
sundanet.com(http://www.sundanet.com/artikel.php?dangiang)
Upama diilikan, kandungan HANACARAKA ukur nguruskeun kakawasaan jeung papaseaan. Tina harti ieu, aya indikasi, moal boa, pangna di DPR urang parasea bae sabab sajarah aksara anu digunakeun ku urang seler anu lolobana di DPR teh tina hasil papaseaan. US, nuturkeun filosfis aksara anu digunakeun ayeuna (Dangiang Aksara Sunda"), datang bari mawa aksara anu kandunganana pohara universalna :
KAGANGA ...jst: "Kaagungan cara manusa mah, tekad, ucap jeung paripolahna ...jst".
Baktos,
manAR
On 7/19/05, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun,
ka parawargi sadaya manawi aya anu terang kana hartosna :
HaNa-CaRaKa-DaTa-SaWaLa
sangem ka Engkus :
Tah eta cacarakan teh hasil kamotekaran Daniswara waktu bisa ngarebut deui
nagara dibantu ku Jugulmuda (putra patihna Mendang Kamulyaan) pikeun
pangeling-ngeling yen sanajan aya nu aya (HANA) Gusti Nu Maha Tunggal ari
jalma (CARAKA=utusan) mah geuning beda-beda (DATA) jeung saterusna.
manawi aya anu bade neraskeun sareng nambihan, atuh ka Kang Engkus pun ten
simkuring poekeun kanggo neraskeun hartosna...
hatur nuhun
baktos
Agus Wirabudiman
----- Original Message -----
From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected] >
Sent: Friday, July 15, 2005 3:08 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Cacarakan akasara sunda
> Rampes..!!!
> Hanacarakacarananyacagnangka parantos digentos ku aksara Sunda Ngalagena
aya
> oge nu nyebat Kaganga malih aya nu nyebat Ratu Pakuan.
> Aksara Sunda Ngalagena parantos di Perda-keun ku Pamarentah Jabar
No.6/1996
> teras ditegaskeun ku SK Gubernur Jabar No 434/SK.614-Dis.PK/99 kaping 16
> Juni 1999.
> Janten Cacarakan (hanacaraka tea) parantos teu dianggo sabage Aksara Sunda
> ti ngawitan eta Perda.
> Kanggo langkung ecesna mah mangga bae dipaluruh buku-bukuna, diantawisna :
> 1) Aksara Sunda/Tedi Permadi saparakanca/ Galura/1999 (dina ieu buku aya
> katerangan nu langkung eces pangna aya aksara Sunda)
> 2) Aksara Sunda Kaganga dan sistem penulisannya/Undang A Darsa/CV
> Walatra/2003
> 3) Ngalagena/Idin Baidillah saparakanca/CV Walatra/2001
>
> MSasmita
>
> ----- Original Message -----
> From: "djoni rochjana" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: < [email protected]>
> Sent: Friday, July 15, 2005 4:49 PM
> Subject: [Urang Sunda] Cacarakan akasara sunda
>
>
> > Sampurasun,
> >
> > Sim kuring anggota enggal di milist ieu, nembe noong
> > ka kolom "AKSARA
> > SUNDA".
> >
> > Rada aneh, gening benten pisan sareng nu katampi ku
> > sim kuring waktos masih
> > di sakola dasar 26 taun kapengker.
> > Palajaran aksara sunda nu katampi, bentukna teh
> > cacarakan, Ha Na Ca Ra Ka Da
> > Ta Sa Wa La... jst.
> >
> > Patarosan sim kuring, naha aya sabara rupa ari aksara
> > sunda?
> >
> > Wassalam,
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

