Nembe abdi ngaos artikel Ahmadiyah kintunan Kang Jaka Tingkir sawareh, aya
sababaraha point anu teu leres (correct me if I am Wrong) :
1. Dina dalil ayat Qur'an ti versi Ahmadiyah eusina teu sami jeung Al'Quran
versi umum, diantawisna
    - Surah 3 : 180
    -           23:52
   -            7 : 36
sok wae kidulur sadaya parios sareng Al 'Quran anu umum euisina jauh
kama-mendi, panginten nu dimaksad didieu Ahmadiyah teh gaduh Al 'Quran versi
nyalira (?), nu matak teu sami jeung Qur'an umum, mangga  abdi dibantos
bilih lepat.
2. Dalil ti Ahmadiyah nu nyebutkeun yen Kanjeng Nabi Isa As, teh tos pupus,
malihan aya makamna, ieu mah nyalahan pisan tina surah Annisa ayat 157-158,
mani jentre disebatkeun dina ieu ayat yen "Nabi Isa teu wafat, mung raray-na
disalin sareng nu sanes jalmi", mun aya hadits nabi ngaragukeun urang
"parios heula hadits"-naha bener atanapi lepat, tapi mun aya jalmi nu
ngaragukeun Qur'an (komo nyalalahan mah) tangtuna "jalmina nu kudu
dipariksa".
3. Kuring kantos ngadongkapan markas Ahmadiyah nu aya di kebon jahe, Bogor,
naroskeun ajaran Ahmadiyah ka jemaah-na nyalira (upami ceuk batur mah bilih
lepat, atanapi timbul pitnah), nalika abdi tumaros perkawis Nabi Isa tos
pupus, anjeuna ngaluarkeun pendapat ti sababaraha sumber, diantawisna tina
Bible (seueur dalilna nu dicandak ti dieu),  asa ku aneh ceuk kuring mah aya
urang Islam nyandak dalil tina Bible bari jeung eusina patukang tonggong
(masih mending  upami sami mah), akhirna sim kuring ngemutan naha ieu aya
pihak sanes nu ngadompleng (janten bonekana) kanggo ngaruksak Islam ?
Sim kuring oge teu resep nyandak jalan kebrutalan jeung kaheurasan komo bari
aya korban mah, ngan panginten dina ayana hiji kajantenan teh pastina aya
sabab musababna, hese ngaleungitkeunnana salami sabab musababna teu
dilereskeun, kuduna mah pamarentah ngalarang ajaran ieu margina tos
jelas-jelas ngalanggar jeung ngahina ajaran agama, komo deui mun nyieun
agama anyar, pan di Indonesia mah agama nu diakui ngan 5. Basa keur shalat
make basa Indonesia/Arab di Malang tea, pamarentah langsung nutup ieu ajaran
bari nyiduk pamingpinna. Kuring mah inggis dina hiji waktu ajaran nu ayeuna
dianggap salah, hiji waktu mah dibenerkeun komo bari penganutna eta ajaran
ngahiji jeung ajaran sanes nu sami-sami lepat, ngarah menta dukungan.
----- Original Message -----
From: "Agus Wirabudiman" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Cc: <[email protected]>
Sent: Monday, July 18, 2005 7:39 AM
Subject: [Urang Sunda] Naon Ari Ahmadiyah Teh


> Sampurasun
>
> Cing saha urang SUnda anu ngiringan maledogan Jemaat Ahmadiyah di bogor,
eta
> kelompok teh asa teu aya ciri kasundaannana dina paripolahna
> teh....(ngaharewos Kuring keur Kuring), meureun lain urang sunda
ketang...ah
> duka kumaha bingung...mikiran paripolah batur mah, diri satangtung oge can
> puguh ajeug, ngan diajar pikeun ngajegkeun nana.
>
> cik kumaha Kamotekaran Urang Sunda dina kayakinan AHMADIAYAH, sareng upami
> Aya anu ngagem Ahmadiyah di milisi Urang Sunda cing bejer beaskeun kumaha
> saestuna teh?
>
> mangga ah
> baktos
> Awb
>
> ----- Original Message -----
> From: The saint <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[email protected]>
> Sent: Saturday, July 16, 2005 5:44 PM
> Subject: [Urang Sunda] Naon Ari Ahmadiyah Teh
>
>
> > Apakah sebenarnya Jamaah Amadiyah yang begitu membuat marah massa
> > islam LPPI dan FPI dan yang menamakan diri Gerakan Umat Islam (Umat
> > Islam Mana?).
> > Untuk mengetahuinya Simak Tayangan wawancara Amir Jemaat Ahmadiyah
> > Indnesia di Metro TV Insya Allah Hari Sabtu 16 Juli 2005 Pukul 18.00
> > WIB.
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke