Ngiring mairan ..... enya leres MJ di Pakistan jeung India seueur 
sekte (aliran) agama. Di Pakistan wae, dina taun ieu, geus sabaraha 
kali kaributan soal agama ieu teh. Aya masjid Shiah di bom ku urang 
SUnni, urang Shiah males, nembak pamimpin sunni tepi ka maot. Terus 
dibales deui ....tutungna silih bales, euweuh tungtungna. Akhmadiyah 
ngungsi ka Inggris da meureun di tempat lahirna mah henteu aman. Di 
Pakistan oge aya pasantren2 anu ngadidik santrina jadi militan, jadi 
sumber paciweuhna dunya ku bom dimana-mendi. Di urang oge, aya 
aliran anu puseurna di Pakistan jiga Jammaah Tabligh (kabenran boga 
babaturan anggota jammaah Tabligh nu geus kungsi ka Pakistan/India).

Di India oge kitu. Urang Hindhu jeung Urang Islam atawa jeung agama 
nu lianna sarua teu akur. Aya urang Hindu maksa rek ngabongkar 
masjid nu geus ratusan taun aya, da cenah tadina di eta tempat aya 
kuil Sri Rama ( Rama tea carogena neng Shinta). Nu lieur pamarentah 
India. Sanajan India nagara sekuler (beda jeung Pakistan nu ngaku 
nagara Islam), tapi tetep hese ngaturna. India nagara demokratis, 
jadi aya we partey anu kampanye make sentimen agama (Hindhu). Pas 
kawasa dituntut kunu milihna. Cilaka ....... aya aturan supaya sapi 
teu meunang dipeuncit jeung dikandangan, jadi balawiri sangeunahna 
di tengah kota.

Tapi kuring tetep sok reueus ka urang India jeung pakistan. Loba nu 
pinter jiga Sir Raman anu meunang Hadiah Nobel Fisika (dina Fisika 
aya istilah Raman Effek) kitu deui Prof ABus Salam urang Pakistan, 
nu sarua meunang Nobel Fisika. Prof Abus Salam oge nu ngarang 
buku "Qur'an and Science" (cmiiw, judulna bisi salah). Prof Abus 
Salam aya dina situs Akhmadiyah, nu nunjukkeun yen anjeunna teh 
Akhmadiyah. Tantosna oge lamun Akhmadiyah dilarang di Indonesia, 
urang Indonesia teu meunang nyebut-nyebut Prof Abus Salam teh 
ilmuwan Islam, da meureun kudu konsisten, Akhmadiyah mah aliran 
sesat .....

Aya deui nu jalmi urang India nu kukuring dipikahelok ("dikagumi") 
nyaeta Mahatma Gandhi (Mahatma = Jiwa besar). Kuring nonton 
film "Gandhi" baheula tepi ka tilu kali, bakating ku kataji ku 
Gandhi. Jalmi nu bajuang ngamerdekakeun bangsana kalawan henteu make 
jalan heuras (non-violence). Jalmi anu ageung manah melaan urang 
Islam nu dikakaya ku urang Hindhu di India di awal kamerdekaaana. 
Jalmi nu nasibna tragis .....maot ku kekerasan ditembak ku Hindu 
Fanatik, pedah anjeunna seueur ngabela Hak Azasi Urang Islam di 
India nu diteken ku urang Hindu.

Hehehhehehe .......punten ah ngacapruk bin ngacaprak ....

Baktos,
WALUYA  


--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> INDIA
> di India kungsi aya karajaan Islam nu ageung. malah nepi ka ayeuna 
aya
> keneh buktina/artefakna, nyaeta Taz Mahal tea. (mahal, basa
> india=istana/karaton.) lain masjid eta teh, ngan ukur kuburan 
binti makam
> Taz, ratu raja nu dipikacinta ku raja.
> 
> di india, loba jelema nu sok ngaji ka ditu kadieu, neuleuman agama 
A oge
> agama B. terus nyampurkeun, ngurangan ajaran di agama A nu karasa 
teu
> cocog, ngadopsi ajaran agama B nu karasa cocog. terus we hutbah. 
baroga
> jemaah/followers. siga Guru Nanak, manehna jemaah setia Guru 
Arjan, beh
> dituna aya deui tokohna (asana Kabir) nu nyampurkeun ajaran agama 
Hindu
> (soal Reinkarnasi jeung Nirvana nu utamana mah) jeung Islam (soal
> monoteisna). beh dieu ngembangkeun agama nu disebut Sikh tea. 
cirina sirah
> lalakina sok make siga sorban tea. nu sok na tv oge aya, Dillon 
tea. ketua
> MWA ITB.
> 
> ngan duka ari di India eta, mun aya agama anyar kitu, naha  make 
perang
> silih paehan atawa henteu (atawa maen vonis sesat atawa henteu). 
dina buku
> nu dicutat kamari mah teu dicaritakeun.
> 
> Karesten
> Memeh aya nabi Isa (urang karesten nyebutna Yesus the Crist), 
Yahudi geus
> baroga agama nu disebut Yudaisme tea nu cenah ti nabi Ibrahim 
terus ka
> nabi Ishak, Musa, Harun. agama karesten kungsi disebut sempalan di 
agama
> Yudaisme (agama Yahudi) sabab nabina, Isa, masih keneh turunan 
Yahudi.
> 
> EROPA
> di eropa oge kitu. ajaran karesten nu asup ka eropa
> dicampurkeun/diadaptasi jeung kapercayaan eropa harita/romawi-
yunani nu
> papada nyembah Zeus tea. Zeus boga anak sakti, Hercules tea, tah 
ceuk si
> cenah, sangkan keuna kana mamaras urang eropa, nya Yesus teh 
disarebut we
> anak Tuhan tea.
> 
> karesten ku Martin Luther -pendeta- dipermak di Wuttenberg Jerman. 
alesan
> utaman harita, gereja roma ngajualan surat pengampunan dosa cenah. 
nu
> angger museur ka roma/paus ngarana katolik tea. nu anyar hasil 
permakan
> Luther disebut Lutheran (atawa oge disebut protestan, sektena 
ratusan,
> salah salimana prebysterian, metodist, hari ketujuh, calvinisme, 
jeung
> sajabana)
> 
> kungsi oge di spanyol asana mah aya nu ngaku-ngaku manehna 
messiah, nabi
> isa/yesus nu turun ti langit tea. tapi cenah euweuh nu percaya.
> 
> harita di eropa nu parindah ka protestan kungsi nepi ka diduruk 
sagala, di
> perancis oge kungsi kitu cenah. ceuk buku How Great Religion 
Began. lain
> ceuk kuring. paralun.
> 
> sigana ahmadiyah oge iyah iyah sejenna kitu. asana mah Mirza Gulam 
Ahmad
> teh ti India (india teh kungsi ngawengku india ayeuna, pakistan oge
> bangladesh (bangladesh ieu kungsi disebut pakistan wetan, memeh 
misah jadi
> nagara sorangan).
> 
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> [EMAIL PROTECTED]




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke