Ari sawangan kuring mah, acara tepung di darat/kongres bisa ngagiring urang kana gotrasawala nu leuwih daria (ari di milis wungkul teh mindeng kaliwat). Samodel nu geus dilaksanakeun di Cimalati, naon wae tah hasilna teh, da lumayan seueur asana mah (tingalian wae arsip milis bulan november).
Kela, naon deui nya, lah keur teu ngareunah awak ieu teh... ke sugan aya nu mairan ti nu sanes...
jk
On 7/18/05, Runa Inawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Panginten perkawis ieu tos rada di toelan, mung nya kitu geuningan (punten upami lepat), asa kirang respon !Abi terus terang sapogodos pisan sareng anu dipedar ku kang Oman. Potensi anu aya di KUSnet teh langkung di optimalkeun. Pan tos aya Yayasan anu arahna langkung kana sosial (punten upami lepat). Kumaha tah ayeuna upami dikawitan ngadegkeun salah saiji usaha KUSnet. Upamana wae muka usaha bidang informasi (warnet), katuangan sunda, budidaya tatanen, jrrd (eta mah kantun didiskusikeun wae, anu mana anu langkung sae).Atuh wadahna mah saur abdi mah ngadopsi sistem koperasi. Saur abdi mah upami sistem koperasi dikokolakeunnana sae mah insya Alloh moal eleh sapertos badan hukum anu sanesna.Tah kanggo kang Oman, abdi sakatiasa abdi insya Alloh kersa ngawujudkeun eta kahoyong/pamadegan teh.Kanggo anu sanes kumaha? Diantos....Kumaha tah kang Oman?
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

