waleran si kuring: tiasa. naha bet henteu? margi ari budaya teh hirup. nu ngaran hirup tea aya usikna, aya malikna jeung saterusna. basa sunda nepi ka tilu logat atawa tilu kasta (undak-usuk kitu) oge pan buktos yen budaya teh, komo nu ngarana basa, silih simbehan jeung basa deungeun. loba basa ti luar ku urang diparake. dalah bewara oge, gening ti inggris, be aware. hehe. siga bako warning tea gening :p
ceuk si cenah nu duka dimana, basa asli binti pituin Sunda mah siga nu diparake ku baraya di Kanekes (Baduy). teu aya undak unduk basa. basajan jeung egaliter. teu karaos kasar pikeun aranjeunana mah da geus kitu ilaharna. jejer (topik, tema) ieu geus mindeng di bahas di KUSnet. ngan nyaeta atuh, nu anyar datang biasa sok nanya deui jejer nu geus dibahas. jadi teu aneh mun jejer di KUSnet loba nu muter eta keneh-eta keneh, kaasup soal UUBS. asana, US mah mun karek panggih jeung papada US tara terus usul. wawanohan heula nepi ka loma. uplek ngobrol pancakaki nepi ka kapanggih obor babarayaan. geus lila wanoh, geus rada apal A-Z na, karek (wani)usul. anapon perkawis ngadamel milis, eta hak jelema sadunya. mangga bae. tapi memeh nyarieun, geus aya milis khusus paranti heureuy pisan oge chating dina milis, namina gangleboy kitu. aya nu kahayangna mah pikeun padungdeng perkara daria, milisna [EMAIL PROTECTED] Nu ieu (kungsi) patali jeung Sundanet.com tapi kurang diropea kunu nyieuna jeung teu mere otoritas ka nu sejen pikeun miarana. asana ka kang Oman Manar, ngan duka naha bisa henteuna ngoprek di jero yahoogroups-na mah. saena mah nya di KUSnet we, pan aya katerangan dina hadist palsu, kieu unggelna: bersatu kita teguh, bercerai kita rujuk ajah lagih :p mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] > He he he he he ....... > Ide Kang Cepot "ngahijikeun 3 logat jadi logat anyar" alus oge nya. Cobian > geura ku sarerea, bisa henteu? Mun bisa akang rek miluan nya....! > Jadi keun wae tinggalkeun 3 logat Sunda karuhun jadi sajarah di musium, > tong dipake deui.. > Kumaha para bapa sadayana, tiasa henteu? > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

