SATUJU pisan

Komo deui abdi mah pan aslina Urang Jawa tea tapi reueus diangkeun janten US da lami di Banjar-Ciamis tea (12 tahun, ti SD nepi ka SMA), Da abdi mah sawios Urang Jawa Asli tapi ari nyarios dikantor atanapi di kaluargi sok ngomongna make bahasa Sunda, matakna ge sok disebut “Mata-Mata Mataram” atawa ari di kantor mah “Sunda Palsu” .. .. .. heu heu heu

 

Ari masih sapertos ieu mah pan abdi mun aya lepat nulis sok aya bae nu ngalereskeun

 

-wass-

bowie

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of ndoell
 

Ehm !

barina oge mun Kusnet dipisah-pisah milisna, misalkeun dibagi tilu :

Kusnet Lemes, Kusnet Rada Lemes jeung Kusnet Heuras ...

samodel abdi nu kanyaho basana sundana ngan sauted, lieur atuh rek

miluan milis nu mana. Nu lemes atawa nu heuras..?

mu kitu carana, nu basa sundana heuras mah jigana teu bisa asup

kana komunitas sunda lemes atuh nya...

euh...Peodal pisan

 

Tapi di Kusnet ieu,

sanajan abdi basa sundana garihal, tapi ku mindengna macaan postingan

nu basana hade, saeutik-eutik mah mulungan...

sok dipraktekeun nyarita didunia nyata, ceuk batur teh,

"sunda pisan euy nyaritana..."

Emh...rada beukah atuh pangambung teh...

 

Tapi,

Bisi aya nu bade ngadamel milis sejen keur ngabagi-bagi

golongan basa sunda eta, mangga wae, teu langkung,

da gampil pisan, kantun daptar ka Hayoo Groups..eh Yahoo Groups.

pami tos aya, bejaan we...

 

Kusnet mah antepkeun we jiga kieu..

Satuju ? (bari luak lieuk..)

 

 

Nagog deui ah,

-dul-

 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke