Waalaikumsalam wr,wb
 
Hatur nuhun dokter daeng kana pedaranana perkawis ngurut. Mung sigana kedah bari praktek pami hoyong langkung ngartos mah nya. Tos terang kieu mah ngurut teh tong salah kaprah deui. Abdi pami uih tos kuli sadidinten teh pan lumayan capek sareng sampeyan paregel. Raosna sih dipijat, atanapi dikeueumkeun we kana cai haneut anu tos di uyahan. Meni raos teh sareng tiasa tibra bobona. Pami nuju janten mah paregelna, eta teh sok sesah bobona. Nyambung panginten nya kana otak.
Sakali deui hatur nuhun.
 
 
Salam,
Neng Iva

dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Assalamu'alaikum..baraya Kusnet.
Dina ieu kasempetan sim kuring bade medar bagbagan ngurut jeung
cara-cara menerkeun nu misalah sapertos nu ditaroskeun ku neng iva
oge nusanesna. (punten pami aya istilah nu teu disundakeun, mugi
kadang wargi tiasa maluruhna..)
Ngurut dina istilah bedah orthopaedi disebat 'moulding' istilah anu
dilarapkeun pikeun sarupaning cara keur ngalancarkeun jalan getih oge
ngaleuleuskeun 'kontraksi otot'.  Kasakit anu bisa diurut teu loba
nyaeta naon disebut, Sprain (katarikna urat nunimbulkeun nyeri
sageusna aktivitas ) atanapi, spasme otot, nu disebut kram tea,
kumargi numpukna 'asam laktat' sesa tina metabolisme otot kumargi
gawe 'otot' nu kacida beuratna. Kumargi  kitu ngurut nu bener nyeta
ngalakukeun 'gerakan' nu arahna saluyu jeung jalanna getih kotor
(vena) : ti tungtung ka arah awak (distal to proximal).  Pami ngurut
otot nu 'spasme' arahna saluyu jeung arahna 'serat otot'.  Tah ieu
mah kedah ningal 'peta' arah otot. Rada bangga tah ngapalkeun nana,
ngan umumna mah dimana tulang/anggota gerak ditikelkeun, nu disebut
asal otot (origo) di lebah tulang nu teu gerak, tungtungna (insersi)
di lebah tulang anu digerakkeun... Ka impleng baraya ????.
Hiji pantangan, teu meunang ngurut tulang nu dicuriga potong
(fraktur), sabab bakal jadi 'komplikasi' alatan tung tung tulang nu
potong bisa nojos kana urat atawa jalan getih, jeung nambahan nyeri.
Mun keur sendi  nu misalah (dislokasi) ge dimeunangkeung ngurut lamun
sendi nu misalah geus balik deui kana tempatna.
Kumaha tah cara menerkeun sendi nu misalah (dislokasi)??
Menerkeun sendi nu misalah disebutna 'reduksi tertutup' 're'
malikkeun 'duksi' gerakan, jadi naonnya ' gerakan malikeun sendi ??.
Sendi nu sering misalah nyeta, sendi panggul (palangkakan) jeung
sendi bahu (tak-tak). Angkle, pigeulang leungeun, tu-ur, arang
misalah atawa nyengsol lian teu dibarengan ku ayana tulang nu potong,
kusabab sistim bungkus sendi nu paheut (capsel joint yg fixed). Ari
sendi rami suku jeung panangan, osok oge sanajan ka asup anu arang
kajadian.
Cara 'reduksi'na ; keur sendi rami seringna misalah ka arah luhur
atawa handap, jarang ka gigir. cara reduksi, bari narik tung tung
rami nu misalah piteskeun lalaunan (gentle) ka arah ngelukna tung
tung rami, dugi dua tung tung sandi pa antel. Terus di tarik bari
dilempengkeun, dibantuan ku jempol neken tung tung sendi nu nonjol.
Upami sendi bahu jeung sendi panggul, ciri ciri misalah, nu gampang
mah upami leungun atawa sampean teu tiasa di gerakeun laluasa,
cirining misalah. Misalah panggul biasana kusabab aya benturan ti
hareup nalika tuur nyiku (naek motor kadepak ti hareup atawa naek
mobil neumbrak dasboard (dashboard injury). Misalah bahu biasana ku
sabab lengun nahan ngadadak dina posisi leungeun lempeng kagihir
atawa kahareup. Cara menerkeunnana kudu ati-ati jeung bener, sabab
lamun sagawayah bisa nimbulkeun komplikasi jaga kusabab bonggol sendi
jadi kariput nu disababkeun ku pegatna urat getih keur bonggol sendi
(kajadian ieu kakara nimbul taunan sanggeus kajadian misalah) Aya
sababaraha tekhnik, nu pang gampilna jeung bisa dimana bae, biasana
hasil lamun kajadian misalah antara 0-6 jam. nyeta ku cara
tangkubkeun jalma nu misalah dina meja, keun leungeun atawa sampean
nu misalah sina ngagapuy ka handap. Leungeun atawa suku nu ngagapuy
tea di beungbeuratan ku naon wae ti mimiti sakilo nepi ka 5 kilo.
Lamun kareungeu 'klek' jeung sendi numisalah bisa bebas digerakkeun,
hartina sendi geus normal deui. Urang sok ningali nu menerkeun teh
tarik sahayuna teu make cara sanajan bisa bae hasil (mun kajadian 6
jam kurang), bahayana aya, kahiji pasti nyeri da dipaksa, kadua bisa
bae aya tulang nu semplak, katilu komplikasi jangka panjang tea
(disebutna avaskulas necrosis, kajadian kematian bonggol sendi
kusabab jalan getih pegat).
Tah kitu baraya, hatur lumayan bilih bade nyobian, mugi tiasa
kaimpleng, upami teu kahartos ngacung bae atanapi peryogi kitu aya
kursus??? (hehe kumaha wa kuncen.. wios gratis.. pan US teh katelah
kana ngurutmah..).  Sim  kuring medar ieu elmu, ku sbab sering ummat
teh salah harti tatamba kanu teu merenah kusabab bingung jeung
emutanana ka dokter teh kedah operasi bae.  Padahal sagala rupaning
kacilakaan tulang aya wae dua pilihan, konservatif ( cara teu operasi
jiga nu dipedar diluhur) atanapi operasi.  Bedana cara konservatif
mah proses damangna lami jeung teu ngareunah dan kesel, ari cara
operasi mah gancang jeung pasti. Nya tangtu biayana ge beda.  Jika
urang rek ka garut, naek ojek (lila,panas, hareudang tapi murah)
jeung naik mercy (ngageleser, tiis, gancang). Pan duanana ge nepi ka
garut ngan nu hiji mirah nu kadua sabalikna.
Nu kadua ku pedaran ieu supaya baraya nyaho cara cara nu bener jeung
asup logika elmu, margi sering sim kuring nampa -pang urutan ti nu
'tiasa', nu tarik teuing meungkeut dugi ka hideung, jeung nekrosis
(mati tulang), atanapi nu bengkok tea atanapi jiga nu geus
dibenerkeun tapi fungsi teu optimal...
Sok ah.. geura larapkeun.. sugan tiasa janten 'side job' hehehe.
aeh aya jampena ketang kieu cenah
Hmmmmm.... Sima aing sima maung, nu ngariung siga lutung nu
ngarendeng jiga monyet manusa aing sorangan... puah..puah..puah..
hehehe, leres teu ua sas tah parancah teh.....
cag. Wassalamu'alaikum.DR

Neda agung cukup lumur neda jembar pangampurana, Jodo pati Bagja
cilaka urang geus ditangtuken, ridho gusti mah moal boa. Mangkahade
ulah salah udageun, hayu urang silih udag kana ridho gusti, rejeki
mah bakal nuturkeun. Amin. 


           
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page
http://www.yahoo.com/r/hs

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke