wargi sadaya, punten sakedar nambihan, 

saemut abdi mah, sakola pertama nu di dirikan ku paguyuban pasundan 
teh, nyaeta sakola di jl balonggede /pasundan , gigireun alun2.

kaleresan kapungkur abdi sakola di dinya,emut keneh di cakeut tengah 
lapang eta sakola , aya prasasti pendirian eta sakola, nu tertulis 
dina eta prasasti, tahun 1935.

katingal , bangunan sakola na oge, mani khas sunda , bangunan payun 
na teu robih ti kapungkur ( ateup na, asa mirip aula barat ITB )

mugi2 teu dirobih wangunana, atawa dipeser ku developer ( da di 
tengah kota ), menurut abdi mah,eta wangunan kedah dilestarikeun

salam baktos

wardi

--- In [email protected], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Punten kang Kandar, sumberna timana tah eta teh? Pan
> biasana di lingkungan atikan mah sok disebatkeun
> sumber/referensina.
> Bilih sok bisi, aya wargi KUSnet anu hoyong maluruh
> langkung paos, tiasa milarian ti sumberna.
> Asana teh aya sababaraha hiji buku anu medarkeun
> perkawis Paguyuban Pasundan. Pami teu lepat mah di
> rumah baca Ua Sas aya sabaraha versi buku Paguyuban
> Pasundan ieu.
> 
> Etang-etang napak tilas sareng maheutkeun silaturahmi,
> Pami aya waktos mah, baraya KUSnet di Bandung sumping
> ka sekretariat Paguyuban Pasundan. Langkung sae upami
> tiasa ngayakeun panglawungan sarang pangurusna, teras
> di dadarkeun di KUSnet. Kanggo nambih sumanget milis
> urang.
> 
> 
> baktos,
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> 
> --- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Salam,
> > 
> > Mun teu salah, dina tangga ayeuna, 92 taun ka tukang
> > (20 Juli 1913), di 
> > bumina DK Ardiwinata di wewengkon Gg.
> > Paseban-Weltevreden (Salemba kiwari), 
> > geus borojol hiji organisasi nu dingaranan Paguyuban
> > Pasundan. 
> 
> > Naon anu jadi sabab nepi ka kudu ngadamel organisasi
> > eta? Kieu kasauran 
> > Dayat Hidayat:
> > "Dupi anu jadi lulugu nyaeta wirehing ngemutkeun
> > bangsa Sunda kacida pisan 
> > katilarna tina bab kamajengan ku bangsa sanes,
> > sumawonten ku bangsa Jawa 
> > mah, nu ti kapungkurna oge parantos tebih pisan
> > nilarna ka urang Sunda, 
> > dalah ku urang Malayu nu teu acan sakumaha lamina
> > ngudagna kana kamajengan, 
> > ayeuna urang SUnda parantos kenging disebutkeun
> > keselek, tawisna murid di 
> > sakola Doktor danget ieu urang Sundana mung aya 10,
> >
> 
> 
>               
> ____________________________________________________
> Start your day with Yahoo! - make it your home page 
> http://www.yahoo.com/r/hs




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke