kang ganjar, abdi panuju, tah nu kieu panginteun nu disebat.. moderniasi ala sunda !!!!
mangga kembangkeun... insaaloh aya hasilna kanggo buyut2 urang..
pikiran nu kieu mani produktip, pa kuncen..

Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 Aya dua pasualan utama anu disanghareupan ngeunaan revitalisasi budaya téh. Kahiji, loba bodaya heubeul anu geus teu rélevan pikeun dunya kiwari, contona saperti handap asor téa, buruk-buruk papan jati (pédah papada urang sunda, najan koruptor ogé dibéla waé) atawa kudu soméah hadé ka sémah (ngeunaan hal ieu pribados kungsi nyebutkeun yén éta babasan téh kudu ditambahan, lamun sémahna bageur, sopan jsb; tapi lamun sémahna ngarungsingkeun mah --- lamun perlu diusir). Kadua, aya ogé budaya heubeul anu hadé (anu katémbong ogé dina paribasa atawa kekecapan basa sunda) tapi geus dipikawanoh (sabab basa sundana ogé tara dipaké), contona:   
 
  1. Sareundeuk saigel sabobot sapihanean, sabata sarimbagan ngagambarkeun kakompakan).
  2.  Nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah
  3. Ati putih, badan bodas (bersih haté)
  4.  Leuleus jeujeur liat tali (adil)
  5. Landung kandungan, laer aisan (loba pertimbangan tapi gampang ngahampura.
  6. Sadom araning baraja, sakunang araning geni 
  7. Sakirincing duit, sakocopoking awak   (najan saeutik ulah ngagunakeun duit nagara) 
  8. Adam lali tapel (poho ka kulawarga jeung lembur)
  9.  Pagirang-girang tampian (teu kompak) 

Tina dua hal kasebut diluhur, mémang urang kudu nyieun "stratégi kabudayaan", diantawisna dina seratan pribados disebatkeun "kantunkeun anu awonna, candak anu saéna" siga bangsat sendal di masjid téa; sok sanajan kitu budaya goréng téh ari diarsipkeun mah kudu da éta téh kabeungharan urang sunda jaman baheula; Ngeunaan budaya heubeul anu relevan kénéh mémang kudu disosialisasikeun deui ka masyarakat (ngan pasualanana, kumaha rék dosisialisasikeun kapan bahasa sunda na ogé tara dipaké). Aya anu mikir, teu kudu dina wangunan basana, tapi ajén-ajén na waé cenah. Ngeunaan ukuran mana anu hadé jeung mana anu goréng, ukuranana jaman jeung universalitas. Pikeun panamlbih, kahatur ogé tuilisan pribados sababaraha taun kapengker di PR;  


oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :
Lawan tina handap asor teh diantarana "goong nabeuh maneh". Paribasa jeung prak-prakanana Sunda sarupa kitu geus diusulkeun ku kang Chaedar Al Wasilah sangkan direvitalisasi, sabab, nyakitu kumaha kasauran salira, henteu nyukupan keur tandang makalangan dina mangsa kiwari.
 
Anu dimaksud revitalisasi di dieu nyaeta revitalisasi budaya anu ngawengku 3 lengkah: 1) neuleuman ajen inajen budaya nepi ka nuwuhkeun kasadaran, 2) perencanaan sosial (didieu kaasup atikan jeung nyalabarkeun informasina), 3) kreativitas budaya (anu 3 lengkah ieu geus sababaraha kali ditepikeun di milist.
 
Salah sahiji lengkah tina revitalisasi, upamana, ngamaknaan deui babasan Sunda hasil kreativitas karuhun urang luyu jeung kaperluan jaman. Saur Kang Chaedar Wasilah, "goong nabeuh maneh", upamana, tiasa direvitalisasi maksudna jadi "unjuk kompetensi diri". Tah upama saluyu, urang geus ngalengkah dina revitalisasi babasan ieu (bagian tina budaya) dina lengkah kahiji anu di luhur. Upama, urang terus nyalabarkeun jeung bnyieun kreativitas anyar sangkan ieu informasi katarima jeung prak dilarapkeun dina kahirupan sapopoe ku sarerea, urang geus asup kana lengkah nu sejenna tina revitalisasi budaya.
 
Cag.
baktos,
manAR 

 
On 7/15/05, djoni rochjana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salah sahiji sipat urang sunda teh upami teu lepat
handap asor.

Upami ku sim kuring dilenyepan, memang sae eta sipat
teh, upami tiasa
nempatkeunana, tapi kadang sipat eta geus ngadarah
daging.

Tah upami sipat handap asor ieu dipiara terus di jaman
era kopentensi
sapertos ayeuna, urang sunda bakal titeuleum terus,
nyerahkeun ka nu sejen.
Mun kitu jadina.....iraha deui atuh urang sunda bakal
muncul jadi
pamingpin...

wassalam,


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/





Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke