Punten Kang Mustakim, katingalna aya kecap anu patojaiah nyaeta kecap "lastari", hartosna lastari basa Sunda patukang tonggong sareng kecap "lestari" dina basa Indonesia.
Lastari dina basa Sunda hartosna maot.
Lestari dina basa Indonesia hartosna langgeng.
Janten kalimah ti Kang Mustakim anu unina "....ambeh basa Sunda tiasa lastari sareng dinamis mung teu ngaleungitkeun.....jst..", tiasa dihartoskeun "...ambih basa Sunda tiasa maot sareng dinamis...jst..", sigana asa pamohalan Kang Mustakim gaduh maksad siga kitu..!!
 
Kahade lepat LASTARI SANES BASA SUNDA-NA TINA LESTARI......da hartosna patukang tonggong.
 
MSasmita.
 
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, July 19, 2005 4:26 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangkeun sareng usul

Leres pisan, nuhun ka cep Murdi, ayi Sas sareng ayi Kumi, sareng nu sanesna.
Panuju pisan pami majelis kuncen tiasa ngalereskeun basa Sunda nu didugikeun di milis ieu.
Nya eta pisan mamaksadan teh, ambeh basa Sunda tiasa lastari sareng dinamis mung teu ngaleungitkeun ka-aseli-anana. Mugi2 wae...
Wassalam,
Mustakim


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke