haturan baraya US..., punten ah ngiring mairan, sigana kunaon sikep pak Dani beda jeung Sutiyoso. 1. pak Dani boga anggapan yeh masalah ibu kota (kota Bandung) eta aya dina tanggungjawab wali kota Bandung (pak Dada Rosada) 2. wilayah DKI beda jeung wilayah JABAR (anu lega), DKI diwengku ku 5 kotamadya anu posisina ngariung (Barat, Timur, Utara, Selatan jeung Pusat) sedengkeun Jawa Barat ampir kurang leuwih kana 30 kota/kabupaten (punten pami lepat)/ nu aya Tatar Sunda. 3. lamun perhatian dipuserkeun ka hiji wilayah, kumaha wilayah nu laina (pasti bakal aya rasa dianak terekeun) 4. Lamun aya hiji daerah hayang lepas ti JABAR sabab ngarasa kurang diperhatikeun etan hakna sewang-sewangan, tapi kudu dipikir heula sing asak ulah gereges gedebuk... 5. Potensi alam DKI jeung JABAR beda dideu urang kudu bener-bener bisa ngamanfaatkeunana ulah nepi ka salah ngolahna anu ngabalukarkeun karuksakan jrrd.
Cag..ah..., sakitu heula pamendak sim abdi punten pami lepat nuhun. "kujangs" > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

