Nepangkeun abdi pun peuteuy...eh lepat, pun oman, sok nganenehkeun sorangan di milist ku wasta "manAR". Wilujeng ngawangkong di nilist, neng cempaka (ceuk kolot mah, kembang atawa kayu cempaka jeung golonganana, sok jadi pangirutan, upamana, anu rek dagang wawarungan dinasehatan kudu nyieun kusen warung teh tina kayu campaka. Kitu sotenan lamun percaya ka "paranormal"; ari ceuk kuring mah, sangkan tangkal campaka jadi langgeng (B. Ind: lestari) bae).
Aeh geuningan sakaresep ka Ahmad Bakri teh. Sami si kuring oge hoyong engeuh, sugan baraya aya anu terang buku khusus kumpulan seratan pa Ahmad bakri alm? rumaos tos lami teu noongan buku-buku roman Sunda pedalan anyar. Anu inget mah, seratan Pa Ahmad Bakri sakitu ngaleuyana dina Mangle oge dina kumpulan buku roman Sunda "Sawidak Carita Pondok" aya hiji-dua (anu inget bae anu judulna: "Bedug ti Nagri Ajrak"). Oge dina sababaraha antologi carita/roman Sunda, seratan anjeunna pasti kalebetkeun.
Asana aya/kungsi oge dimuat runtuyan (serial) seratan anjeunna anu nyaritakeun kahirupan padesaan/pakampungan sapopoe, mawa kasangtukang wangkongan di masjid bari nunggu wanci Isya. Obrolan (dialog) dina ieu runtuyan kacida hirupna, siga enya bae urang keur ngobrol ngadu bako di masjid, tas magrib bari ngadagoan sholat Isya. Ngan nyakitu, pedah loba anu kasindir ku eusining ieu runtuyan carita, aya oge anu ngageunggeureuhkeun (ngeritik) anjeunna: "Piraku cenah masjid dipake ngadu bako".
Tapi, salaku hiji karya sastra, asana teu nanaon ceuk si kuring mah, anu penting eusina estuning seueur picontoeun jeung pieunteungeun. Waktu jeung tempat mah ukur sarana, barina oge teu ngaganggu anu fardlu-na.
Baktos,
manAR
On 7/21/05, rinny cempaka <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
haloww...
wilujeng enjing, siang, atanapi wengi...:D
ieu abi cempaka tea...muhun leres abi mah istri,
perempuwan, alias wanoja...:P
kaleresan dibumi teh pun bapa meni resep nganamian
putri-putrina teh ku kekembangan..untung nu pamegetna
henteu dinamian ku tutuwuhan, sapertos kangkung
atanapi kentang atawa peuteuy...:)
sakantenan bade tumaros ieu teh...manawi aya nu apa
pami ahmad bakri teh tos nulis buku naon wae nya???
abi teh resep pisan kana buku-buku anjeunan...di bumi
teh sok ngahaja ngarumpul, ngke pun bapa teh
ngadongengkeun eusi bukuna...sok dugi ka
ngalenggutna..hehehe
pami aya nu uninga, wartosan abi nyak...:D
hatur nuhuuuuuuuuuunnnnnnnnnnnnnnnnn.............:)
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page
http://www.yahoo.com/r/hs
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

