****************************************************

Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh!
Kalayan Nyebat Asmana Alloh!

Sampurasun!

Haturan Baraya KUSnét saalam dunya!
Pamugi sakumna Ki Sunda aya dina ginanjar kawilujengan, amin!

Baraya … ngauninakeun baé ieu mah.

Réhna kami, Balad POESAKA SOENDA parantos ngadegkeun rohangan, minangkana mah amparan pikeun ngaludang Serat Kabar POESAKA SOENDA(PS) ti Juli 1922 – Oktober 1927, nu parantos kapendak ku yasana Kang Ganjar Kurnia.
Saéstona amparan ieu téh masih bagéan ti lajuninglakuna salah sahiji hancaan bareng KUSnét, teu sing mun jadi tandingan pikeun Babakan KUSnét.

Anapon jéjér nu aya dina ieu rohangan téh tayalian pikeun Balad KUSnét nu sanggem kapancén tugas kanggo ngetik ulang PS dina waktos nu parantos ditangtoskeun.

Ieu hasil hancaan téh seja disanggakeun ka Ki Hasan pikeun dilebetkeun ka ramatloka KUSnét sangkan tiasa ka aos ku balaréa.

Ku kituna kahatur baraya KUSnét di sakuliah dunya, ti suklak ti siklukna sim kuring sabagé wawakil Balad PS ngulem ka sing saha baé nu kagungan luang waktos kanggo rereongan nga-"transkrips" ieu PS pikeun ka mangpaatan urang saréréa.

Sumangga dihaturan linggih di ramatlokana PS di  http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/ atanapi geusana ilubiung kintun bae sérélék Andika ka [EMAIL PROTECTED]

 

Sakitu nu kapihatur.
Balungbang timur, caang bulan opat welas jalan gedé sasapuan.
Bahé carék, neda tawakupna baé!

Rampés!


-Ki Adi-

 

Samudaya pupujian saéstona pikeun Alloh!
****************************************************

 

--
***********************
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
************************

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke