miluan ah... babaturan sakola gaduh rerencangan sakola. cina bandung. johan. bapana gaduh pabrik tekstil. hiji mangsa teu asup sakola. isukna di tanya ku babaturan. "Jo, kamari kamana maneh teu asup?" "Aki aing euy paeh!" pokna.
kuring jeung babaturan nyakakak nepi ka kamari. eta si Johan, ka akina nyebut paeh. bari gogodeg. tapi manehna mah kalem we. bari udud ngelepus, awak gendut bodas. di angkot hiji mangsa, rek indit ka pangulinan, saangkot bareng jeung barudak SMP. apal barudak SMP teh calanana biru. ngalobrol. eta unggal kalimah teh make anjing deui anjeung deui. kuring teu kuat nahan seuri. nya ditutupan we ku dampal leungeun (da ku dampal suku mah hese). api-api gagaro jeung api-api nu sejen, nahan seuri. pan sorangan (teu jeung batur nu wawuh) dina angkot teh, jadi mun seuri sorangan, ku barudak dianggap rada miring. kuring mah resep we nu aya. ngeunah seuri. jadi inget beja di amrik, lembur abah Joe, Queens atawa Bronx tea, unggal kalimah make kecap fuck atawa fuckin' tea. sok aya dina film di tv. mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

