Leres pisan bapa...,
Eta mah bade kerang bade kerung mangga nyanggakeun ka sarerea.
Bener pisan urang teh kedah ikhlas kana kaayaan urang nu ayeuna.
Bener pisan mun aya nu alus ti batur tong era2 diturutan.
Situs2/artikel2 perkawis Atlantis seueur pisan tapi sadayana teu aya nu nyebatkeun di-mana2na kalayan pasti, mung kira2 wungkul, ma'lum malapetaka harita kacida hebatna (apocalyptic), geura pilarian di googles, tapi ulah gancang2 percaya, keur hiburan wae.
Sakieu heula,
Mustakim
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
--- "A.M. Ardipradja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nuhun pa Sasmita,
>
> Simkuring kantos maca hiji artikel (hilap deui ti
> mana) ngeunaan teori benua Atlantis.
> Cenah Atlantis nu tos tilem teh kapungkurna mah
> disebat "Sunda Land", hiji pulau ageung nu legana
> sami sareng sub-benua India. Dina proses tilem,
> pendudukna ngarungsi ka daerah2 sekitar sareng
> daratan Asia palih kidul. Sesa2na cenah mah jadi
> kepulauan Sunda Besar (Borneo, Sumatera, Jawa,
> Sulawesi) sareng Sunda Kecil (nu ayeuna dinamian
> Nusa Tenggara ku Bung Karno). Sateuacan tilem CENAH
> bangsa nu aya di Atlantis teh teu kinten majengna
> dina hal kabudayan sareng elmu pangatahuan langkung
> ti ayeuna, dugika aya nu "misuse" & manipulasi elmu2
> nu aya harita dugika kajadian malapetaka.
Baruk kabudayaan sareng elmu pangaweruh jaman "Sunda
Land"? leuwih maju ti ayeuna? Kuring mah sok rada
kerung upama nitenan beja kieu teh. Sabab jiga nu
ngabeberah urang Sunda, majar geus "leuwih" tinu sejen
ti baheula mula. Ari buktina ayeuna, wallahu'alam. Ari
numutkeun kuring mah, pikeun urang Sunda mending
realistis we atuh, kumaha kayaanana ayeuna. Tong
ngawawaas wae jaman "kaemasan" nu duka ceuk saha boa.
Nu penting jigana ayeuna, upama aya nu hade ti batur
(boh elmu pangaweruh, oge budaya), teu salah upama
diturutan. Teu kudu era. Kitu deui, upama aya nu
kurang hade di urang, tong salempang, tinggalkeun wae.
Upama noong sajarah sains, asa pamohalan upama jaman
harita elmu pangaweruhna leuwih maju ti ayeuna.
Contona wae misalna dina biologi, apanan cenah baheula
jalma kungsi percaya, yen mahluk hirup asalna dina
barang paeh. Saterusna, eta kapercayaan teh robah,
cenah mahluk hirup asalna tina endog. Kitu jeung kitu
pangaweruh manusa robah luyu jeung robahna jaman. Pon
kitu deui dina fisika, apanan jalma ngahartikeun atom
teh robah teus, luyu jeung jaman.
Salam,
mh
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

